Sae pisan Teh Mpup postingan teh... Komo bagbagan
beurit baranahan nepi ka 200 sausum... Duh, kabayang
lamun aya Pabukon (perpustakaan) anu kabeh eusina buku
jeung tulisan nu make Basa Sunda. Pasti Hasan
"ngiler", he he...

AJ

Catetan:
1. "bagbagan" teh sok dihartikeun oge "palupuh di
pancuran"
2. "ngiler" lair hartina "aday", nya San...

--- Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Neraskeun deui hanca nu kamari
> 
> Sato anu kabeukina insecten (sato ngarayap) (kaca
> 19-20)
> 
> Sato nu kitu gede gunana ka urang. Huntu hareup,
> sihung jeung 
> carehamna sareukeut. Nu kaasup ka dinya nya eta:
> cucurut, bangsa 
> bajing huluna panjang jeung tando.
> Cucurut teh meh kawas beurit biasa bae, ngan
> bangusna kacida 
> panjangna. Biasana sok ngaliang dina taneuh. Huntu
> jeung carehamna 
> sareukeut; babagian badanna beda jeung beurit biasa.
> Dina bujurna aya 
> sarupa parabot tempat hawa bau. 
> Sawareh juru tani nyangka, yen cucurut kawas beurit
> biasa bae sok 
> ngaruksak. Eta sangkaan teh salah, da cucurut mah
> kabeukina bangsa 
> insecten nu sok ngaruksak kana pepelakan; jadi teu
> meunang diganggu.
> Bajing gendu (Basa Jawa) meh sarupa bajing biasa,
> hirup dina 
> tatangkalan. Nilik kaayaan huntuna, eta sato teu
> kaasup bangsa bajing.
> Tando oge sok ngahakan bubuahan jeung dangdaunan.
> Manehna boga kulit 
> anu beunang dilingkupkeun, gunana pikeun ngalayang
> di antara 
> tatangkalan.
> 
> Sato Ngeret (kaca 20-21-22)
> 
> Sato ngeret gampang kanyahoan dina huntuna. Huntu
> hareupna di luhur 
> dua di handap dua, bangunna sarua tatah jeung
> seukeut pisan sarta 
> liangan, jadi sok manjangan bae congona. Ngan nu ti
> luhur panjangna 
> tetep. Carehamna nu ti luhur rerenggetan, henteu
> sihungan, lolobana 
> sato ngeret kabeukina pepelakan, saperti:
> akar-akaran, bubuahan, 
> jeung sisikian. Aya sawareh nu beuki daging,
> saperti: beurit. 
> Sakabehna sato ngeret ngarugikeun bae ka urang.
> Di tanah Hindia loba: beurit, bajing jeung landak.
> Kelenci asalna ti 
> Eropa, ari marmot ti Amerika. 
> Lolobana sato ngeret henteu bogaeun pakarang pikeun
> ngalawan musuhna, 
> padahal musuhna loba. Ngan girasna sato ngeret teh
> kacida, sarta 
> tereh baranahan. Beurit jeung kelenci bisa anakan
> nepi ka tilu kali 
> dina sataun.
> Beurit taneuh cicingna di sisi-sisi solokan atawa
> dina galengan sawah 
> nu lega sarta luhur. Galengan nu leutik sarta handap
> mah tara 
> dicaricingan. Rereana liangna teh make pirang-pirang
> lawang paranti 
> kaluar asup, nu dipake sapopoe biasana ngan hiji
> bae, sarta katembong 
> tetela, ari lawang-lawang sejen sok dicokan ku
> dangdaunan. Sawareh 
> dahan-dahan liangna buntu, tapi tembuseunana suntik
> deui. Saupama aya 
> bahya, nu boga liang teh pahibut nembus liang buntu
> tea, tuluy ka 
> laluar malar salamet.
> Beurit taneuh kabeukina pare, boh tangkalna boh
> buahna. Aranakanana 
> nya eta musim pare mimiti asak (musim mimiti
> katiga), sanggeus 
> dibuat, juru tani malawija; anak beurit geus galede,
> sedeng ka luar 
> nareangan kahakanan; ari babakuna mah galedena sarta
> ka laluarna teh 
> waktu pare meujeuhna enay (waktu halodo).
> Upama mimiti ngijih, waktu sawah diwuluku, loba
> beurit anu paraeh, 
> tina sabab langlayeuseun atawa teu aya tempat keur
> caricing. 
> Beurit taneuh teh anakna rata-rata dua welas dina
> sawaktu. Genep 
> jalu, genep bikang. Mun umurna geus 3,5 bulan,
> kakara ka laluar. 
> Reuneuhna kira-kira sabulan. Sakali musim hujan teh,
> hiji beurit 
> bikang anakan incuanana bisa nepi ka 200. Kieu
> pereleanana:
> Februari anakan 12 (6 jalu, 6 bikang)
> Maart anakan 12 (6 jalu, 6 bikang)
> April anakan 12 (6 jalu, 6 bikang)
> Mei anakan 12 (6 jalu, 6 bikang)
> Anu dijurukeun bulan Februari bisa anakan di bulan
> Mei 6 x 12 = 72; 
> anu dijurukeun bulan Maart bisa anakan di bulan Juni
> 6 x 12 = 72.
> Jadi jumlah anak-anakna 4x12+2x72 = 192.
> Beurit imah oge jahat, sok ngaruksak barang-barang,
> malah rajeun 
> ngaruksak kana papakean.
> Aya sabangsa beurit, disebutna beurit sampar, anu
> kawas jelema sok 
> katerap panyakit pes; nu paeh ku kasakit eta rajeun
> nepi ka rebuan. 
> Bakterina tepa kana kutu beurit nu sok nyeuseup
> getih beurit. Lamun 
> eta kutu ngegel ka urang, bakteri teh ka luar tina
> sungut kutu, asup 
> kana badan urang, tuluy bae urang gering. Nu matak
> urang kudu 
> ngajaga, ulah nepi ka aya beurit nu nyayang, supaya
> teu gampang 
> katerap ku kasakit pest.
> Bajing henteu baranahan saperti beurit; biasana
> anakna sok dua-dua, 
> musuhna oge saeutik. Eta oge sok ngarugikeun. Komo
> di kebon kalapa; 
> kitu deui bubuahan sejen beukieun. Buntutna panjang,
> nu matak 
> luncatna lepas kacida. Mun dibandingkeun jeung anu
> tumpak balon mah, 
> buntut bajing teh ibarat payung, keur nahan badan,
> supaya ragragna 
> teu neundeut teuing.
> Encang-encang nyaeta bajing nu kulitan rubak kenca,
> katuhueun 
> cangkengna.
> 
> 
> 
> ~ipup~
> 
> 
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke