ah.. kang cigana didieu aya nu salah di pamarentah jabar baheula.. pan
make ngaran kitu teh ijin ka dep. pendidikan tea sanes.. atawa
kumaha..
da' mun teu ijinan moal make cigana mah...
tp bae lah kang... keun we da' alloh mah langkung uningan nya
tinggal ayeuna urangna... kudu kumaha nyikepan anu kitu... 


On Wed, 5 Jan 2005 16:14:19 +0700 (WIT), mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> kungsi liwat ka hiji wangunan gereja, poho deui di beulah mana di
> bandungna. make plang GKP. gereja kristen pasundan.
> 
> teu kungsi kuring nenjo aya MIP. masjid islam pasundan. da meureun pangna
> kitu oge teu ilahar. islam di urang paling make merek kumpulan/aliran,
> sarupaning NU, Muhammadiyah, Persis. sanajan masjid na mah teu make
> jurusan eta. ngan ukur ngaran Masjidna, An-Nur, Al-Hikmah, jst.
> 
> soal kampus atawa sakola. di bdg aya universitas katolik parahyangan.
> pastina diadegkeun ku para pastur katolik.
> 
> palebah sakola/kampus islam, teu aya nu make universitas islam pasundan
> atawa priangan. nu aya universitas islam bandung atawa universitas islam
> nusantara. IAIN oge make ngaran wali-tempat, Gunung Jati, teu make IAIN
> pasundan atawa parahyangan, tapi Sunan Gunungjati, atawa ayeuna UIN
> universitas islam negeri bandung.
> 
> meureun islam teu kudu make ngaran tempat nu nunjuk kana etno suretno,
> alatan geus ilahar atawa umum, di tatar sunda umumna ngaragem islam, tapi
> kusabab kitu oge, jadi jojojoy patarosan, naha nya teu marake pasundan,
> parahyangan, jeung ngaran nu bau sunda.
> 
> bayangkeun we kumaha citra ngaran universitas katolik parahyangan (unpar).
> hade. katolik agama roma, di alam parahyangan. beu teuing. sanajan
> parahyangan mah nunjuk ka wewengkon, teu siga pasundan, nu aya kecap
> sunda-na, tapi nya nunjuk ka wewengkon tatar sunda.
> 
> nu make etno suretno teu patali jeung ageman agama-da meureun yayasanana
> teu patali jeung agama, saperti universitas pasundan atawa universitas
> siliwangi, universitas pakuan, universitas tarumanagara, univ.
> singaperbangsa.
> 
> bieu maca poster seminar di unpar, rektorna teh ngarana Pius Suratman
> Kartasasmita, PhD. Pius teh semu2 ngaran baptis. ari Kartasasmita na mah
> rada wawuh munding kanu punjulna, Ginandjar tea.
> 
> atawa meureun kapiheulaan. geus aya universitas katolik (make merek)
> parahyangan, jadi mun aya urang sunda islam nyieun kampus universitas
> islam parahyangan teh jadi teuing...
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke