Sanggem pangemut sim abdi mah langkung sae disimpen heula di Bendahara (upami tos aya) Kusnet Teritorial Jakarta Raya.
Titipkeun carios bae ka rakana, upami pendak sareng kang Mahfud, supados mendakan atanapi nelepon ka Bendahara Kusnet Teritorial Jakarta Raya.
Antos bae dugika sababaraha sasih, tah upami parantos sabaraha sasih mah, dalah dikumaha atuh, urang dipadungdeungkeun deui,  bilih bade disodakohkeun kajalmi anu langkung peryogi oge teu sawios-wios,  mana kitu oge sanes rizkina kang Mahfud panginten....!! (wallahu a'lam...)
 
Pihatur
ssw 

"Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lamun engke di Warakas teu papendak jeung kang
Mahfud-na deui bae, kumaha tah baraya? bae kitu
dititipkeun ka raka-na? aya usulan...?
Sae kitu oge Kang Akos, dapon urang tos usaha mah nepangan Kang Mahfud.
Pamendak sim kuring saena mah titipkeun bae ka kulawargana nu aya.

(zam)

From: "akos kosasih" <[EMAIL PROTECTED]>
Asslamu'alaikum...
Hampura ka sadaya baraya, leres eta teh sakumaha anu
parantos diwartosan ku kang Ikmal, minggon kamari US
Jakarta (Kuring, kang Ikmal, kang Agus & kang Irpan)
geus 3 jam kokorehan gang di wewengkon Koja-Legoa
geuning kang mahfud teh tacan kapendak deui bae.
Keun atuh kang Ikmal, insyaallah poe minggon ieu
kuring dek nyobian sakali deui ngajugjug imah rakana
kang Mahfud nu di Warakas. Sugan jeung sugan eta artos
amanah ti baraya KUSNET tiasa didugikeun langsung ka
anjeuna. Mung sigana kuring moal nyandak mobil, meh
gancang rek kana busway bae ka kota teras
ka-priok-keun kana angkot. Tah tidinya kuring mending
kana ojek anu geus puguh uninga wewengkon Warakas.
Haturnuhun pisan lamun aya baraya sanes anu rek
maturan meh aya saksi-na. Manawi kang Irpan/kang
Ikmal/kang Agus/kang Tirta, aya nu tiasa maturan?
Urang indit enjing-enjing bae sangkan teu kapegat
kurudetna macet.
Lamun engke di Warakas teu papendak jeung kang
Mahfud-na deui bae, kumaha tah baraya? bae kitu
dititipkeun ka raka-na? aya usulan...?

Hatur nuhun,
baktos akos






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke