Ari anu jadi sababna mah jelas, bangsa urang teh masih
keneh kudu mikiran dahar, nyakolakeun budak, uubar,
imah, anu di eropa jeung amrik mah geus teu dipikir
teuing nu kitu mah. Pamarentah ngajamin atawa
sahenteuna mantuan. Komo urusan uubar, mobil atawa
imah kahuruan mah pasti ku asuransi. 

Rek kumaha bisa dariana atuh urang teh? (Atawa urang
ganti nanyana: kumaha sangkan bisa daria?)

Jadi inget ka budak tatangga, nya 6-7 tahun lah
umurna, basa kuring keur sakola keneh di Bandung.
"Bang, nyanyiin dong, lagu daria...?" Ngahuleng atuh,
nu kumaha lagu daria teh? Ari pek teh manehna
ngahaleuang "Dari yakinku teguh....". Enya, lagu
Syukur...

Punten ah... Cag...

AJ




--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Baraya,
> 
> Ngadadak ngaran "dini" ayeuna jadi kawentar, enya,
> soal "peringatan 
> dini" (PD) tea atawa legeg-na mah "eraly warning
> system" patali 
> jeung mitigasi bencana. Mitigasi bencana, ceuk
> cenah, maksudna taya 
> lian ti usaha-usaha ngurangan akibat bencana ulah
> tepi ka ngaruksak 
> teuing. Saeutikna, ulah tepi ka nimbulkeun korban
> jiwa lamun bisa 
> mah dina satiap kajadian bencana alam. Kukituna,
> pagawean dina usaha 
> mitigasi bencana alam mah sakabehna pakait jeung
> sikep "carincing 
> pageuh kancing" atawa sikep "pencegahan" tea. Tah,
> PD teh, cenah, 
> ngarupakeun bagean penting tina mitigasi bencana
> alam.
> 
> PD dina bencana alam kalintang diperlukeunana.
> Kagiatanana bisa 
> mangrupa iber migunakeun alat atawa jelema. Iber
> ngeunaan iraha 
> jeung kumaha gedena bencana anu arek datang kalawan
> aya kaluarna ieu 
> iber dina lolongkrang waktu anu sakira-kira cukup
> keur jelema anu 
> dumuk di tempat bencana, nyinglarkeun maneh tina
> bencana ka tempat 
> anu aman. PD mangrupa alat, upamana dina kasus
> bencana alam tsunami, 
> bisa bae mangrupakeun alat anu dipasang di lebah
> sumber bencana, anu 
> leuwih ti heula bisa nari informasi baris datangna
> bencana. Tuluy 
> ieu informasi, upamana gelombang, dibedaskeun ku
> panmguat jeung 
> dikirim ka statsiun panarima atawa alat pangbedas
> (sirene, jst). Anu 
> sawanda bisa dirancang pikeun PD bencana alam
> longsor.
> 
> Saenyana obrolan ngeunaan PD lain kakara di
> Indonesia teh. Keur 
> kuring ngalaman gawe di kantor kamentrian LH bae,
> tahun 1992-an geus 
> rame diguar. Harita malah si kuring atoh, ku atasa
> teh rek 
> disakolakeun khusus keur neuleuman soal bencana
> katut mitigasina. 
> Lain bobohongan, upama diteuleuman jeung disadiakeun
> pangrojongna, 
> satemenna ahli-ahli urang tiasa jadi ahli mitigasi
> bencana alam 
> tingkat dunya. Sabab, laboratorium alamna aya di
> urang, atuh nya 
> urang keneh anu pang apalna kana kaayaan alam urang.
> Kitu ari 
> sakuduna mah.
> 
> Ngan bae enya, sakumaha ceuk Kang Yaya (oge loba anu
> nyarita), 
> bangsa urang mah -ayeuna2 ieu-leuwih ngajenan
> pamadegan bangsa sejen 
> tinimbang bangsana sorangan. Buktina geuningan, ari
> geus ditabeuh ku 
> PBB jeung ahi-ahli ti LN mah karasa PD teh tambah
> diperlukeun. Ngan 
> orokaya, pikeun nyangking eta kasadaran perluna
> ngawangun PD teh 
> kudu aya heula korban. Korban anu sakitu
> ngahunyudna, nyawa jelema 
> mangrebu-rebu. Mangga lah, wilujeng mapag proyek PD,
> teu nanaon 
> kaindit ku pangeletek batur oge, anu penting ka
> hareup, leuwih loba 
> nyawa anu bisa disalametkeun tina hiji kajadian
> bencana alam. Ngan 
> dina lebah beaya, poma ulah jadi ngaririweuh kana
> urusan dapur urang 
> beaya PD ti LN teh. Cindekna mah ulah karana alesan
> ngawangun PD di 
> wewengkon urang, hayoh bae anu tadina bantuan teh
> ngajanggelek jadi 
> hutang LN urang, nambahan hunyudan hutang LN urang
> ayeuna anu geus 
> teu kaitung.
> 
> Baktos,
> manAR
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - What will yours do?
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke