Baraya..
Innalillahi Wa Inna Ilaihi Rajiuun..... ngiring bela sungkawa deui ka korban
Tsunami anu tiwas deui...
kuring mah ngarasa sedih oge keuheul...
Ngilu Sedihna kanu jadi kolot eta budak anu geuningan kamari dikabarkeun
kapanggih salamet nyawaan keneh, terus geus dilakukeun sagalana ku kolotna
dibawa ka RumKit di Jkt... 
kamari dina Berita budak teh geuningan tos ngantunkeun... emang ieu mah tos
Kersaning Allah, panginten anu pangsaena jang eta budak..
tapi duka tah, meun eta pihak Rumah Sakit jeung Dokterna utamana mah eta
Menteri boga Uteuk boga rasa sadar rehna nyawa eta budak teh leuwih penting,
pasti mihelakeun dilaksanakeun heula operasina eta budak tibatan mentingkeun
Nyai Menteri anu rek ngalongok.. .da ari ngalongok mah saenggeusna operasi
ge bisa... eta tah keuheulna kanu jadi pajabat di urang...

jigana ieu mah jigana, meun teu ditunda gara gara eta sakadang Menteri..
meureun budak teh bisa kasalametkeun...

Pajabat DI Indonesia mah mentingkeun pamor, jeung hayang kataji ku Rakyat
yeuh aing boga rasa sosial jeung ka manuksiaan... datang
ngalongok..geuningan hasilna ngadon ngariwehkeun... eta buktina Relawan anu
nyata nyata rek ngabantuan tanaga jeung sagalana...nepikeun katalangsara teu
indit indit wae..... mentingkeun kunjungan Pejabat jeung Artis... 

punten ah tos ngacapruk yeuh.. bakating ku keuheul wae ieu mah... ka Pajabat
urang...

Salam kadeudeuh

����p Wahyu



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke