Kang Oman, punten upami tepang sareng aya waktosna pangdugikeun salam sono
ti abdi Tito Suryana kanggo Kang Dani Hilman Natawijaya  (kantos ningali di
TV)upami anjeunna hilapeun/bingung pangnyarioskeun sami-sami Muridna Bapak
Prof. Dr. SS KADIRUN YAHAYA, MA, abdi tos lami teu tepang ti saprak tahun
1992 (kantos reureujeungan ti tahun 1986 - 1992 di jalan Dahlia 10 dugi ka
di Ciwaruga ds. pasir wangi Gerlong)
----- Original Message -----
From: "oman abdurrahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>
Sent: Friday, January 07, 2005 9:01 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] peringatan dini ti Bandung


> Baraya,
>
> Tah ieu Kang Danny Hilman Natawidjaya anu ti payun kungsi dibewarakeun yen
anjeunna kungsi ngaramalkeun baris ayana lini badag di laut kuloneun
Sumatera. Emut ka anjeunna teh waktu si kuring kungsi diasistenan dina
pangajaran geologi struktur, tahun 1982-1983. Tepung deui bulan september
2004, samemeh diskusi geologi selat Sunda di Auditorium Geologi sakumaha
warta di handap.
>
> Itungan anjeunna upama dilajunglakukeun saterusna, sayogi pisan keur
mitigasi bencana gempa bumi jeung tsunami. Memang, kasimpulan panalungtikan
anjeunna keur Aceh mah rada mengpar (siklus lini kakuatan 9 SR, daur
kajadian  250-300 tahun), bisa kamaklum. Sabab, kahiji, panalangktikanana
aya di sabudeureun wewengkon Mentawai, anu rada jauh ka kidul ti Aceh mah.
Kadua, eta itungan teh masih kaasup itungan kasar. Anu dipiharep,.
Pamarentah ngarespon kana eta iber munggaran baris ayana lini badag di
wewengkon Sumatera. Dugi ka tiasa tatan leuwih awal, kaasup ningkatkeun
perhetangan daur lini jeung prediksi anu leuwih pas kajadian-kajadian lini
di wewengkon P. Sumatera beulah kaler.
>
> Tina ieu iber munggaran, sigana aya sababaraha kacindekan:
> 1. Sayaktosna para ahli urang langkung mikawanoh kaayaan geologi wewengkon
nusantara, sok komo deui upami panalungtikan2-nana dirojong ku Pamarentah
pikeun terus dironjatkeun. Kukituna, pikeun ngawujudkeun "neng dini", urang
heunteu kudu nanggeuhkeun ka ahli-ahli ti LN.
> 2. Keur pulo-pulo Mentawai jeung sabudeureunana, kaasup Sumatera beulah
kidul tepi ka selat Sunda, prediksi daur lini 250-300 tahun (komo deui lamun
aya itungan anu leuwih taliti), sakuduna jadi hiji kawaspadaan. Meureun,
upama nyokon tahun lini gede pangakhirna, tahun 1833 tea, jero 10-20 tahun
kahareup sigana baris aya lini gede anu pibahyaeun (utmana tsunami tea) di
eta patempatan;
> 3. Sakuduna kawaspadaan teh lain ukur kana bencana lini (+tsunami), tapi
oge sumber bancangpakewuh alam lainna, kayaning ngabaledugna gunungapi.
Sababaraha gunungapi di Jawa Barat, kayaning T. Parahu jeung Guntur, geus
istirahat ngaleuwihan daur istirahatna. energi anu disimpen kalintang
badagna upama hiji gunungapi heunteu ngabeledug netepan daur bituna. Upama
ngabeledug, kacida rongkahna akibat anu ditimbulkeunana. Anu katilu ieu,
Insya Alloh urang guar deui dina posting saterasna.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke