Baraya,
 
Akhir-akhir ieu timbul ramalan atawa prediksi anu patojaiyah ti sababaraha ahli ngeunaan lini gede jeung tsunami pibahyaeun di kideuleun P. Jawa sakumaha kajadian di kuloneun Aceh. Sawatara ahli, upamana ti BPPT, sakumaha nyebar dina e-mail/milist-milist, netelakeun yen enya baris aya lini jeung tsunami badag anu pibahyaeun sakumaha kajadian di Aceh. Sabagean ahli deui, upamana pamadegan Direktorat Vulkanologi dan Mitigasi Bencana Geologi (DVMBG, kantorna sakomplek jeung tempat digawe si kuring, netelakeun yen di kideuleun P. Jawa kajadian lini + tsunami yeh moal pikahariwangeun pisan. Anu mana nu bener? atawa pasna, urang kudu nuturkeun pamadegan nu mana?
 
Pamadegan ti BPPT sigana, upama dicindekkeun, dirojong ku kanyataan tingkah-laku alam, yen upama aya lini di zona subduksi, tangtu-kusabab mangrupa geteran-baris nyaliara ka wewengkon subduksi sejenna. Kusabab zona subdiksi kideuleun P. Jawa teh sajalur jeung anu kuloneun Sumatra, nya dicindekkeun bae-sakumaha dina beja ngaliwatan e-mail di maksud-yen lini anu kauer sare di kiduleun P. Jawa oge baris kaeleketek. Geteran anu ngeleketk sumber lini di kiduleun P. Jawa kacida gedena ( 9 SR), tepi ka heunteu mustahil lini kakuatan 9 SR oge baris timbul dina waktu anu heunteu pati lila ti ayeuna. Kusabab sarua gedena lini, kl 9 SR, nya tangtu baris nimbulkeun tsunami badag oge. Kitu kurang leuwih kacindekan ti ahli BPPT sakumaha iberna kabaca dina serelek anu geus sumebar.
 
Ari DVMBG, pangna nyindekkeun yen dina waktu anu deukeut ieu di kideuleun P. Jawa, khususna Jawa Barat, moal aya lini jeung tsunami anu pikahariwangeun teh, dumasar kana hasil panalungtikanana. Tina data anu aya, di kideuleun P. Jawa arang aya lini badag (saluhureun 6 SR). Tina peta lini jeung tsunami anu dikaluarkeun ku DVMBG (pariosan, upamana, koran Metro 31 Desember 2004), memang di kideuleun Jawa Barat, tacan kacatet aya lini badagna 9 SR atawa tsunami badag. Memang eta oge aya sababarah kajadian tsunami di kideuleun P. Jawa, nyaeta di kiduleun NTT.
 
Kumaha atuh sikep urang? Informasi anu mana anu seja dituturkeun?
 
Dina lebah dieu, hampura, si kuring oge heunteu bisa beureum-bodas, nolak salah sahiji pamadegan jeung nguatkeun nu hiji deuina kalawan teges. Ari anu jadi sabab, ngeunaan lini mah memang sadaya ahli oge heunteu aya anu bisa ngaramal (memprediksi) kalawan pas. Ngan aya patokan mah, upamana bae:
1. Palung laut kideuleun P. Jawa teh kaasup jarero, sedeng ari tsunami timbulna teh upama aya lini 6 SR ka luhur di laut deet (di Aceh, upamana, episntrum lini teh jerona 10 km).
2. Geteran ti lini di kuloneun P. Sumatera upama enya tea mah patalepa ka kiduleun P. Jawa, meureun kamari-kamari oge geus aya kajadian lini gede di kiduleun P. Jawa. Kukituna, dina ayana oge katepaan geteran lini ti kuloneun P. Sumatera, keur anu di kiduleun P. Jawa masih keneh aya tempo waktu keur akumulasi tanaga jero bumi. Ngandung harti, aya keneh waktu keur mitigasi bencana. Ngan teuing sabaraha lilana ieu tempo teh jeung teuing sakumaha gedena lini anu ditimbulkeunana dina waktuna kajadian.
3. Satuju ari kawaspadaan kana bencana lini jeung tsunami mah kudu salawasna aya, ngan ulah tepi ka ieu kawaspadaan teh robah jadi"panik" atawa ribut teu puguh anu antukna malah timbul korban kulantaran "kepanikan".
 
Cag.
Baktos,
manAR.
 
 
 
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke