Baraya,
Ayeuna di sabudeureun Gasibu, pasna di monumeun "bambu runcing" (BR), payuneun UNPAD, Jl. diupati Ukur, Bandung, aya rencana pintonan maneuh seni budaya Sunda sabulan dua kali. Apal soteh pedah bieu meunang pancen ti direktur di kantor, kudu ngawakilan anjeunna dinten ahad, ping 09 Januari 2005 minangkan pintonan seni budaya kahiji di eta patempatan. Anjeunna heunteu tiasa ngaluuhan jalaran bade sasaypgian angkat zaroh ka tanah suci.
Anu ngayakeun eta kagiatan seni budaya teh nyaeta Yayasan Fordamasta, Forum Pemberdayaan Masyarakat, sakumaha dina surat undanganana. Alamat eta yayasan nyaeta di Jl. Haurpancuh I No. 127 / 151 C Bandung, Jabar, tlpn: 022-2531513 - 2531646, kalawan koordinator ketua penyelenggara kersana Bapa Toyib Anwar.
Mangga ieu kahaturkeun jadual pagelaran seni budaya di payuneun monumen bambu runcing-Gasibu ti Yayasan Fordamasta kanggo satauneun, dicutat sacerewelna tina sakumaha dina undangan anu katarima:
No Jenis Pentas Seni Rencana Pelaksanaan
Tgl/Bl/Th Jam mulai
--------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------
1. REOG, JAIPONGAN & CALUNG 30 Januari 2005 06.00 s.d. selesai
2 PENCAK SILAT 06 Pebruari 2005 06.00 s.d. selesai
3. BENJANG 20 Pebruari 2005 06.00 s.d. selesai
4. REOG 06 Maret 2005 06.00 s.d. selesai
5. TARI TOPENG 20 Maret 2005 06.00 s.d. selesai
6. ANGKLUNG 03 April 2005 06.00 s.d. selesai
7. LAIS 17 April 2005 06.00 s.d. selesai
8. CALUNG 08 Mei 2005 06.00 s.d. selesai
9. KETUK TILU BUHUN 22 Mei 2005 06.00 s.d. selesai
10. SISINGAAN 05 Juni 2005 06.00 s.d. selesai
11. PENCAK SILAT 19 Juni 2005 06.00 s.d. selesai
12. LAIS 03 Julil 2005 06.00 s.d. selesai
13. BENJANG 17 Juli 2005 06.00 s.d. selesai
14. REOG 07 Agustus 2005 06.00 s.d. selesai
15. DEBUS, REOG & CALUNG 21 Agustus 2005 06.00 s.d. selesai
16. SISINGAAN 04 September 2005 06.00 s.d. selesai
17. TARI TOPENG 18 September 2005 06.00 s.d. selesai
18. CALUNG 02 Oktober 2005 06.00 s.d. selesai
19. KETUK TILU BUHUN 16 Oktober 2005 06.00 s.d. selesai
20. ANGKLUNG 30 Oktober 2005 06.00 s.d. selesai
Mangga kantun milih, kanggo tontonan salami liburan di Bandung, khususna di sabudeureun Gasibu tea.
Baktos,
manAR
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

