Mang J, lain urang Cina wungkul nu loba ganti ngaran teh, juragan-juragan abdi anu urang Korea, loba nu garanti ngaran :
Sung In Yong --> jadi Sungkono Chung Moo Woong --> jadi Mulia Wijaya Mun Teh Kim --> jadi Mustakim jrrd. Mr. Kim Mun Teh nu ganti ngaran jadi Mustakim pangkatna teh Direktur Umum. Loba pajabat ti pamarentahan nu sok nelepon, neangan Bapak Mustakim, ku operator telepon sok disambungkeun ka office boy nu ngarana Mustakim oge. heu..heu.. mindeng parasea eta nu nelepon jeung nu ditelepon teh, teu nyambung tea ngobrolna. Geus aya dua taunna si Mustakim office boy eureun gawena. duka kunaon (boa pedah sarua ngaranna..) -Nanang- --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > keur sma, boga sobat cina ciamis, di imahna, bengkel las di jl.yodas (yos > sudarso) ciamis sok dilandih acung. si acung. ari diabsen guru mah ngarana > teh, Tanu Syarief Arifin. sihoreng ngan TANU teh ti marga (she) TAN. > > di bdg boga babaturan resep buku, nu ieu mah, TAN-na, jadi Tanzil. > > cara ngindonesiakeun ngaran seler cina biasana ngaran keluarga, marga > atawa she di tambahanan. Liem Swie Liong, jadi Sudono saLIM. Ong, jadi > Ongko Wijoyo. aya oge Tan nu jadi Tanuwijaya. baheula kuring kungsi > katipu, aya juara badminton, Ardi B Wiranata. bedul, cina sihoreng teh. > ngaran tukangna mah, nginjem ti ngaran bupati bandung baheula. > > aya oge nu she-na Go, jadi Gondokusumo. ketua PDIP Jabar-nu kungsi > ngariweuhkeun US Bdg, sabab dicalonkeun jadi gubernur, Rudy Harsa Tanaya. > kunu apal mah, kapanggih, Tan di tukang teh she-na. > > Bunarto, ti Bun atawa Boen. di Tasik aya toko roti Ong. diindonesiakeun, > hese nyunda, jadi ongko. teu make h. hehe > > mun diilo sekeudeung, memang siga sunda atawa jawa, tapi diteges- teges > mah, sok rada kapanggih 'rasa kagok' na eta ngaran, mun kabeneran ngarana > maksa ngindonesiakeun she-na. > > > > > > > mj > > http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

