punten
ah bade ngiring mairan tegesna ngiring ngawaler ka patarosan kang
JP...
panginten nu dimaksad ku Kang Murdi Sunda Tulen teh Sunda pituin, Sunda
anu bener bener katurunan Urang Sunda... karuhunna kabeh urang
Sunda..
ari
samodel kang Murdi mah panginten Indo tea... heuheuheuheu... Sunda + seler lain,
kawas kuring Sunda 75% Jawa 25 % da nu jadi indung teh turunan Sunda+
Jawa...
ngan
pasti beurat kanu jadi Bapa biasanamah...barina oge kuring lahir di Taneuh
Sunda..nya urang Sunda wae....
terus
anu 100% lain turunan Sunda, ngan ngilu borojol jeung gede di taneuh Sunda,
angger embung disebut seler lain, hayang di aku urang Sunda, rumasa boga lanceuk
ipar ( sundana teh lanceuk beuteung? ) kulawarga manehna mah masih ngaku urang
Jawa, ngan ari lanceuk uing mah embungen disebut urang JAwa teh, anti disebut
Mas...hayang A'a atawa Akang wae...
rek mairan eta we wungkul da anu lainna mah teu
ngarti heheheeeee
punten
ahhh.... tambah ngalamun weee ieu mah...keur males gawe...( emang iraha uing
rajinna nya? )
salam,
����p Wahyu
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, January 10, 2005 10:24 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Basa & Agul ka suku/turunan Re: [US] Fwd: Ceuk ...murdi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Walaikumsalam.Haturan kang Nana, punten bade ngiring ngaroyom yeuh.....................Emutan sim kuring .......Tah ieu salah hiji kalemahan urang, sok masih keneh ngagulkeun suku jeung turunan, bangsa deungen mah geus pakepuk di bidang tehnologi jeung elmu , na ari urang-urang masih keneh riweuh ku ururan suku jeung turunan. ...... kumargi sim kuring sanes sunda tulen.wassalammsm---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------1. Punten Kang Murdi bade naroskeun, nu dimaksad "sunda tulen" teh naon?2. Mairan pamendak Akang yen kalemahan urang sok ngagulkeun suku jeung turunan, numutkeun sim kuring mah aya dua titik "ekstrim". Kahiji (meureun) aya nu ngagul-ngagul nu matak maranehna "terlena". Titik ekstrim kadua nya eta nu poek kana kahadean/sajarah karuhun nu antugna kalah jadi "minder". Janten emut ka Mang Ayat, saur anjeuna (pangarti nu ditankep ku sim kuring), dina nempo sajarah mah urang kudu reueus da loba kahadean nu dipikaboga karuhun, atuh dina aya kagorengan nya tinggalkeun wae. Dina masalah undak usuk basa sim kuring mah rek make kacamata nu ditalatahan ku Mang Ayat.salamjalak pakuan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

