Assalamu'alaikum... Kahatur baraya Kusnet sadayana, alhamdulillah dinten Saptu kamari, 8 januari 2005 pun anak duanana parantos disepitan. Syukur alhamdulillah oge dina acara sepitan kamari teu aya halangan harungan pon kitu oge murangkalih dipaparin kasehatan dugikeun ka ayeuna. Sim kuring sakulawargi oge seja ngahaturkeun rewu nuhun ka para wargi sadayana kanggo pidu'ana. Aya kabingahan anu kacida ageungna rehna sim kuring kanu jadi sepuhna parantos ngajajapkeun pun anak nincak kana kasempurnaan warugana pikeun sujud ibadah ka Gusti Nu Maha Agung. Kukituna, minangka rasa syukur anu taya papadana, sim kuring sakulawargi baris ngayakeun syukuran dina dinten Saptu ping 15 Januari 2005 ieu. Ka baraya KUSNET sadayana mangga dihaturan sumping ka rorompok kanggo ngaluuhan eta acara syukuran.
Sakitu heula anu tiasa kapihatur, sim kuring oge
sakantenan bade permios heula samentawis ti milis moal
tiasa mindeng ngalongokan lembur kualatan pakepukna
urusaneun padamelan anu kudu rengse sateuacan cuti ti
kantor ti dinten Kemis ieu.
Kanggo ulemanana/alamat lengkepna mangga di tingal
dina file nangkod dihandap. Punten teu kabujeng
disundakeun, da heureut pisan waktosna. Hatur nuhun...
Wassalam,
baktos akos
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - Get yours free!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give the gift of life to a sick child.
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Undangan.pdf
Description: Undangan.pdf

