Assalamu'alaikum...
sakumaha parantos diwartosan dina e-mail sateuacana,
rehna sim kuring parantos nyepitan pun anak dinten
Saptu kamari. Satadinamah susuganan sim kuring aya
jembar waktos dina poe Mingguna dek ka Warakas
ngadugikeun sumbangan Kusnet ka kulawargina ceu Jarsih
tea. Mung barang dek indit ka Warakas, pun anak anu
nembe disepitan teh teu daekeun dikantun hoyong
ditungguan jeung dikipasan ku bapana bae. 
Sakali deui sim kuring nyunkeun hampura rehna dugikeun
ka ayeuna tacan tiasa ngajajapkeun eta sumbangan ka
kang Mahfud. Sigana minggon ayeuna oge, komo moal
tiasa da asa pakepuk pisan seeur cabakan.
Tah kukituna, ka sing saha baraya Kusnet Jakarta sanes
anu jembar waktos, sim kuring hapunten pisan nyunkeun
bantosanana pangdugikeun amanah ieu ka Warakas. Dina
kaayaan taya anu tiasa, ieu artos bade dilebetkeun ka
rekening kas Kusnet Jakarta heula samentawis. Engke
sanes waktos tas Rayagung mugi-mugi sim kuring tiasa
ka ditu deui. 

baktos akos
   



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke