Enya, apan basa si kuring mimiti mairan soal bencana alam di Aceh oge kitu. Soal kajadiana aya kajelasan tina pangaweruh teknik, yen urang hirup di wewengkon anu pinuh ku potensi bencana. Soal naha eta bencana teh adzab, jalan keur ka sorga atawa pangajaran, nyanggakeun ka Pangeran.
Disebut adzab nya meureun bisa bae keur sabagean anu memang geus nyieun kadorakaan kabina-bina, anu dimaksud utamana kadzoliman ka papada manusa. Kahayang mah heunteu aya anu ngantunkeun ku eta bencana anu kaasup meunang adzab. Tapi geuningan selentingan beja mah pasuliwer, aya kebon jeung bisnis ganja tea, aya anu nandasa papada manusa tea. Saimbang kitu jeung kajahatan anu geus dilakukeunana? Ah eta mah pasrahkeun bae ka anu Maha Kawasa, Anu Maha Uninga tur Anu Maha Adil. Naha heunteu turun di Jakarta "adzab" teh, apan loba kamaksiatan & kadzoliman oge di Jakarta atawa tempat-tempat sejenna? Aeh, naha ngabibisani teuing kana kawijakan Anu Maha Kawasa? Barina oge, anggur mah jadikeun kasempetan aya keneh waktu teh keur ngaluskeun laku lampah. Atuh lamun anu jongjon bae dina kajahatan & kadzoliman anu kabina-bina, nya meureun sakumaha dawuh-Na:"Maranehanana boga rencana (makar), Alloh oge boga rencana, jeung rencana Alloh eta anu saalus-alusna rencana". Kacida teuing ka jelema anu nyebut kajadian di Aceh teh adzab sagemblengna. Ari barudak anu sakitu "imut-imutna" tug tepi ka tibra sare abadi arek disebut diadzab ku Pangeran? Apan barudak mah can boga dosa. Ceuk dalil-dalil anu aya, ieu barudak anu teu acan dosa tiwas dina musibah, langsung ka surga. Pon kitu deui anu teu tuah teu dosa sanesna. Soal pangajaran, nya tangtu bae keur anu aya dikieuna keneh mah. Jeung da memang kabuktian, kajadian di Aceh geus sakitu masihan hikmah jeung pangajaran anu luar biasa gedena pikeun bangsa Indonesia, malah keur sadunya sigana. Tina anu katempo dina kulitna, Insya Alloh jeung eusina, kalintan seueurna kasadaran anu tos nguniang ku ayana kajadian di Aceh. Boh tina solidaritas, pertobatan, silih tulungan, jsb. Ngeunaan pamimpin & masyarakat nagara-nagara Arab anu rada telat mere bantuan, moal arek mairan kapapanjangan da ayeuna mah kabuktian ieuh, aranjeunna geus giruk mantuan sakumaha pamimpin & masyarakat ti nagara-nagara sejenna. Upama eta tindakan dianggap kurang pas, nya urang jadikeun bae salaku hiji pangajaran, yen geuningan kitu kaayaanana. Muga-muga ka hareup "citra" nagara-nagara Islam teh leuwih alus deui. Baktos, manAR --- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ceuk ustad ti UIN Syarif Hidayatullah poe Saptu kamari harti tina cara maot ku Tsunami kamari mah sewang-sewangan, kumaha masing- masing jalma. Nu can baleg atuh langsung ahli sorga, mun nu geus baleg nya kumaha kaayaan harita. Mun niatna upama neang kipayah keur kulawarga atawa elmu Insya Allah maotna kaasup keur jihad. > > > Eta mah nyaan lain carios kuring, ieu mah sakalian bari mepeling diri sorangan meungpeung inget eusi pangajian ti ustadz UINSH. Mugi urang dina hos maot teh aya dina kaayaan khusnul khotimah. Amin. > > Salam > Jalak Pakuan > > > asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Jempol Kang...! Bener pisan, "tos tiasa dibuktikeun > yen eta AZAB atanapi MUSIBAH ?". Mesekna kudu ku dua > elmu: elmu tauhid jeung elmu alam (ayat-ayat kauniah). > Sabenerna mah duanana oge elmu ngeunaan Allah, elmu > tauhid keneh, ngan ilmu alam sok teu pati ditolih, > atawa memang maranehna teh teu nyaho kitu? Apaleun > kitu ustadz Asep teh yen aya lemah beulah nu panjangna > 1000 km nu jadi episentrum lini? Apaleun kitu anjeunna > kunaon eta lemah teh bisa beulah? Naha anjeuna ngajak > jamaah milu mikir salah sahiji ayat kauniah eta? Naha > anjeuna ngajelaskeun ka jamaah yen tobat teh salah > sahijina kudu ngajanggelek dina rupa "leuwih ngarti > kana ayat kauniah"? > > Hapunten anu kasuhun ka sadayana... Kuring mah tetep > teu narima dulur kuring di Aceh disalahkeun... MUI > geus ngaluarkeun fatwa yen dulur-dulur di Aceh nu > tiwas teh kaasup syahid. > > AJ > > > > > > > > > > > > > > > > > __________________________________ > > Do you Yahoo!? > > Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. > > > > http://promotions.yahoo.com/new_mail > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250 > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

