Sim kuring wararaas maca UaSas jalan-jalan ka Cibulan, sigana mah teu aya robihna ti mimiti ngadeg (iwal nu daragang panginten).
 
Ngan asa nyentug hate ngeunaan kaayaan karaton Kasepuhan (komo meureun Kanoman mah). Asana teh jadi "dilema", diurus ku kulawargana nya kieu kaayaanana. Diurus ku pamarentah, kahiji danana heureut, kadua tumali jeung hak kelola pan ari pamarentah mah milik publik, biasana adu renyom ngajentrekeun wilayah publik jeung privat (kulawargi keraton). Boh mulasara ku kulawargi & pamarentah hasilna geuning nya kitu...prihatin. Sim kuring hayang oge ngagederkeun sakabeh US supaya babarengan mulasara karaton2 nu aya di TS malah mun bisa mah ngadegkeun nu geus euweuh! Tapi nya asana teh lumpat & balik deui ka "dilema" tadi. Meureun mun kulawargi "angkat tangan" jeung jembar manah mere hak kelola kapublik asana karaton teh cenghar deui. (Meureun kulawargi karaton teh nunggu generasi nu kawas BRA Mooryati Soedibyo). Ceuk pikiran mah asa leuwih babari nyieun karaton Padjadjaran tibatan nyieun atawa mulasara karaton nu geus aya. Nyieun karaton nu anyar paling beak mikir jeung narekahan hiji faktor: waragad.
 
salam
Jalak Pakuan
(nu hayang US boga pakuan nu ngajajar ti Kawali nepi ka Banten).
 

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Minggu kamari mah kuring cuti 3 poe ti mimiti poe Rebo, cuti soteh pedah
budak ge keur pere sakola, hayang ngajak ulin.
Tadina mah rek ulin teh pa basisir, ngan geuning induk budak teu satujueun
majarkeun bisi aya tsunami, atuh kuring neangan deui tempat sejen , nya
tungtungna mah manggih di  Kuningan, di JL. Sangkan Hurip, di Hotel Grage.
Sabenerna mah asa teu merenah ulin ka dinya teh da ngan sakadar hotel,
euweuh tingalieun deui nu sejena, nu aya,nu rada aheng teh pedah cai panasna
ngandung yodium, keur budak mah resepeun we, kekecebekan bari diajar ngojay.
Bada lohor kuring sakulawarga ulin ka tempat wisata Cibulan, pedah ceuk beja
aya "lauk dewa", Cibulan teu jauh ti Sangkan Hurip mah, jalan lempeng
Cirebon-Kuningan mengkol ka kenca.
Cibulan teh tempat pamandian/ ngojay umum ngan rada unik, unikna balongna
teu make dadasar balong anu di tembok/di keramik, tapi kitu we alami, malah
loba babatuan, balongna aya 3, nu deet, nu sedeng jeung nu jero. di eta
balong aya "lauk dewa", bararadag, ceuk paningal mah aya nu panjangna
sameter boa boa leuwih, sigana mun dikilo aya kana 7 kilona.
Urang dinya ayeuna nyebutna lauk dewa, padahal eta teh kancra, disebut lauk
dewa teh pedah teu meunang aya nu ngaganggu, teu waranieun ngaganggu, da
lamun paeh ge bangkena sok dikubur dipulasara dihade hade.
Lauk kancra biasana ayana di leuwi, awakna mah asa leuwih deukeut ka lauk
tawes, ayeuna mah geus langka, jeung ongkoh deuih euweuh nu miara, duka
teuing kunaon, padahal kancra teh lauk anu kacida ngeunahna, dagingna
pungkil.
Ceuk carita urang Cibulan, pangna eta lauk jadi maneuh didinya cenah mah
baheulana kukutan Prabu Siliwangi ( di sisi balong beulah kenca, aya
patilasan tempat tapana Prabu Siliwangi, jeung aya sumur 7, caina herang
canemrang, cai nyusu nyecep tiis).
Lauk teh diparabanana mah ku anu arulin kadinya, da barang jol ge nu dagang
teh sok terus nawaran sukro jeung suuk keur parab kancra, enya we dialungan
sukro teh mani ting seleber, racluk paboroboro.Resep ningalina.

Isukna kuring ulin ka Cirebon ka Karaton Kasepuhan, di karaton mah biasa we
euweuh nu aheng, rada manghanjakalkeun karaton teh bet siga nu teu diurus,
kotor jeung siga nu geus ropoh.

MSasmita







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke