Bage Day... Hayu ah urang gunem catur...
AJ
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, tah aya balad anyar. Pedang Badar ngaranna,
> alias Aday,
> baladna Kang Bunbun. Pacabakanana kana nyair cenah,
> duka di wahangan
> mana sok nyairna... Wilujeng sumping, Kang Badar!
> Wilujeng tepang!
> Kuring sikandar, kuncen bungsu, urang Garut di Sunda
> Kalapa.
>
> Mangga lajengkeun!
>
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: Saeful Badar <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Sun, 9 Jan 2005 19:37:07 +0700
> Subject: Re: File - Aturan Milis Komunitas Urang
> Sunda di Internet.doc
> To: urangsunda Moderator
> <[EMAIL PROTECTED]>
>
>
>
> Sampurasun,
> Nepangkeun, sim kuring wasta pun Badar. Lengkepna
> Saeful Badar. Sok disebat
> oge Abu Badar Ba'asyir. Aya oge nu nyebat ku Abu
> Badar. keur budak keneh mah
> sok disebat Aday, teuing ku naha. Sok padahal, asa
> teu nyambung pisan,
> antawis Badar jeung Aday teh. Malah sok
> digeuhgeuykeun, majar teh Aday
> Ngelay cenah, hehe. Sim kuring sok ceurik lamun
> digeuhgeuykeun kitu teh.
> Dupi lahir, asli di Tasikmalaya, taun ah rahasia eta
> mah, nu jelas tanggalna
> 10 Juli. Kantos kuliah di D-1 Bahasa Indonesia, atuh
> kantos oge janten Umar
> Bakrie di Langkaplancar Ciamis, teras di SMP
> Pasundan 1 Tasikmalaya. Ayeuna,
> tos sababaraha taun kapengker resmi janten
> panganggur kalayan di-SK-an.
> Kagiatan sadidinten mah mung ukur curat-coret nulis
> sautak-saeutik, aya
> puisi aya prosa (laporan budaya). Kalan-kalan nulis
> oge ku Basa Sunda,
> kantos dimuat di Mangle sareng Cupumanik. Di lembur
> mah sok seueur nu nyebat
> kuring teh penyair, padahal asa teu ngaraos kitu.
> Sareng kanca-kanca di
> Tasik, kuring oge ngokolakeun Sanggar Sastra Tasik
> (SST) di antawisna sareng
> Acep Zamzam Noor, Sarabunis Mubarok, Nazarudin
> Azhar, sns. Sakitu manawi, ah
> mugi bae palawargi di ieu milis teu kaabotan narima
> sim kuring janten
> anggota. Hatur Nuhun sateuacanna. Baktosna : Saeful
> Badar
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/