Kang Akos sakulawargi,
Ngiring bingah kuayana Cep Fauzan sareng Cep Kemal tos di sepitan.
Wilujeng menempuh bentuk baru...heu..heu..
Sing enggal damang..

Mugi-mugi murangkalih teh janten jalmi-jalmi nu soleh, anu tiasa 
ngabakti ka agama, bangsa, nagara sareng sepuhna.
Amiin.

Hatur nuhun oge kana ulemanana, Insya Allah pami teu aya pamengan
tiasa ngaluuhan acara sukuranana.

-Nanang-

--- In [email protected], akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Assalamu'alaikum...
> 
> Kahatur baraya Kusnet sadayana,
> alhamdulillah dinten Saptu kamari, 8 januari 2005 pun
> anak duanana parantos disepitan. Syukur alhamdulillah
> oge dina acara sepitan kamari teu aya halangan
> harungan pon kitu oge murangkalih dipaparin kasehatan
> dugikeun ka ayeuna. Sim kuring sakulawargi oge seja
> ngahaturkeun rewu nuhun ka para wargi sadayana kanggo
> pidu'ana. 
> Aya kabingahan anu kacida ageungna rehna sim kuring
> kanu jadi sepuhna parantos ngajajapkeun pun anak
> nincak kana kasempurnaan warugana pikeun sujud ibadah
> ka Gusti Nu Maha Agung.   
>  
> Kukituna, minangka rasa syukur anu taya papadana, sim
> kuring sakulawargi  baris ngayakeun syukuran dina
> dinten Saptu ping 15 Januari 2005 ieu.
> Ka baraya KUSNET sadayana mangga dihaturan sumping ka
> rorompok kanggo ngaluuhan eta acara syukuran.
> 
> Sakitu heula anu tiasa kapihatur, sim kuring oge
> sakantenan bade permios heula samentawis ti milis moal
> tiasa mindeng ngalongokan lembur kualatan pakepukna
> urusaneun padamelan anu kudu rengse sateuacan cuti ti
> kantor ti dinten Kemis ieu.
> 
> Kanggo ulemanana/alamat lengkepna mangga di tingal
> dina file nangkod dihandap. Punten teu kabujeng
> disundakeun, da heureut pisan waktosna. Hatur nuhun...
> 
> Wassalam, 
> baktos akos
>  
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
> http://my.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke