majar basa sunda lemes teh ngabalukarkeun gejed dina komunikasi, naha enya kitu? naha lamun make basa kasar komunikasi jadi leuwih lancar? wallahua'lam.
ngan nu kasaksian, baheula dimana mangsa bentuk sastra sunda kawengku ku aturan, geuning bisa ngahasilkeun karya sastra anu luar biasa. contona wawacan jeung pantun, mangratus-ratus kaca bisa dihasilkeun padahal nganggitna pinuh ku aturan. ayeuna karya sastra bebas, teu kawengku ku aturan nu matuh, geuning teu katinggali bisa ngahasilkeun karya sastra jiga baheula. ieu nunjukeun, yen aturan basa teu pati mangaruhan pikeun ngahasilieun karya sastra. jigana nu leuwih mangaruhan mah masalah kreatifitas manusana. jadi perkara basa sunda lemes jeung kasar, sabenerna mah teu perlu salah sahiji dileungitkeun. da duanana oge wajib ayana. coba we titenan basa urang bule, naha enya teu aya basa lemes kasar. contona dina komunikasi internet aya istilah IMHO (In My Humble Opinion), lain ari frasa ieu teh lemes kacida. wacana ngaleungitkeun salah sahiji papagon basa, lemes atawa kasar, lamun dipikir dibulak-balik, sabenerna mah sarua jeung usaha "harakiri". naha "harakiri"? coba we lamun salah sahiji bentuk basa tea dileungitkeun, meureun KOSAKATA basa sunda nu ngan kari sakanjut kundang teh tinggal satengahna. padahal urang oge sadar kosakata basa sunda kiwari teh, bisa disebutkeun geus teu bisa nyukupan keur ngaekpresikeun pikiran urang sunda sorangan. misalnya naha urang geus boga istilah basa sunda nu bisa dipake keur jargon-jargon pulitik, ekonomi, agama, sains, jeung teknologi misalna. jigana jawabana ampir pasti, kacida kurangna. jadi wacana keur ngahuripkeun basa sunda teh, lain kucara ngaleungitkeun basa kasar atawa lemes. tapi justru kudu ditambahan malah. tambahan basa sunda teh ku basa sains, teknologi, ekonomi, pulitik, jeung sajabana. jadi urang sunda nu ngarti ekonomi, geura prak narjamahkeun elmu ekonomi ka basa sunda. urang sunda nu ngarti pulitik geura prak narjamahkeun elmu pulitik ka basa sunda. urang sunda nu ngarti teknologi, geura prak narjamahkeun teknologi ka basa sunda. salam, mh ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. http://mobile.yahoo.com/maildemo ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

