Para wargi pangapunten bade ngiring aub deui tos +/-
sataun teu saba ka Kisunda/urang sunda�. gening tambih
euyeub� bingah pisan siga siga tawis budaya sunda teh
moal carem� teu hilap sim abdi nyanggakeun
assalamualaikum wr..wb�. haturan ka sadayana.

kaleresan sababaraha dinten deui idul adha,  tos
ngawitan domba di kandang payuneun rorompok dipilihan
rek dipeuncit pikeun qurban� Aeh atosna teh �bet
janten  ngaHENANG �bruh�breh..ka naon-naon nu kungsi
nyampai �nya disarungsum  ku ngaHENING �ana nyaliksik
HENUNGna pasosonten dicobian di dongengkeun
ngalangkungan kutrat kotret sahayuna �.sababaraha
bagianna, da mung saukur  mulangkeun tineung,
dikintunkeun ka kawargian kisunda sareng urang sunda
tawis baktos�.....nyanggakeun sun.


Qurban  Kuring di Alam Kami Tuturkeuneun Kaula 

Panganteur

I
Kongas, cenah saur Wyasa, baheula jaman Maharaja
Yudistira waktu dileler jadi rajasuya  raja nu adil
palamarta, �upacara� na meuncit sato inguan nepikeun
ka rebuan sapi (qurban) nu makihikeunna titisan Wisnu
( salah sahiji asma Allahna urang hindu � nu miara
alam (Rabbul alamin).  

Malah ditatar sunda nurutkeun prasasti, pernah aya
raja katelah Purnawarman nu ngayakeun qurban sapi
rebuan ka para pandita, ku kitu teh kawartikeun tepina
ka jaman ayeuna ieu Sang Purnawarman teh keleler
wisnumurti. Tapak na  ieu titisan Wisnu nu miara alam
ayeuna masih keneh aya dina batu.

Na dicontoan kudu meuncit sato keur Gustina supaya
mulya ??

II

Ngan tibalik ari Dewa Siwa (asma lain Allahna urang
hindu) turunna ti Kahyangan ka marcapada teh numpakan
sato inguan �sapi hirup nandini - hartina sapi na
sanggeus diperuhkeun dipake pikeun nganteur-nganteur
anjeunna lamun rek ka marcapada padahal ceunah lain
anjeunna teh bisa hiber gagah sakti ngawasa triloka�.
Ari hasilna mah keukeuh keur Dewa Siwa. 

Di dunya  sunda kacarioskeun, Guruminda ti kahyangan
hayang turunna ka dunya rek meunangkeun nu siga sunan
ambu  teh kudu �make�  baju sato. Teu langsung  jadi
Sang Patanjala padahal naon hesena � kalahka kudu jadi
sato/make sato.  Ari geus meunangmah nya sang
patanjala deui. 

Na Gusti bet butuh ku sato??� 

III

Kadieunakeun Sareatna Sayidina Muhammad, nu ku uing
dituturkeun, bet aya oge meuncit sato (qurban)

Nu sabagian meuncitna teh balik ti Haji geus wukuf di
arafah memeh balik ka lembur lemburna deui sanggeus ti
imah Allah nu aya di arab. Sato diperuhkeun ku
dipeuncit didahar �ruhna/dagingna sato nguatkeun awak
awakan nu ngadahar..mantuan usik di dunya.
  
Sabagian deui nu teu ka Haji, ku kabinangkitan ieu
Rasul,  nu keur dilembur jauh ka imah Allah di arab ge
sarua dititah meuncit sato terus didahar babarengan�
bari jeung dipager ku ayat ..cenah�daging jeung
getihna teu nepi ka Allah nu nepi teh takwana.
 
BAHEULA PISAN pisan pernah ditatanyakeun ka batur
batur� ayeuna mah kari maca rea kitabna�.
nahanya �Nu kahiji asa siga-siga sajiwa jeung nu
dipidamel Hyang siwa katut Sang Patanjala lamun turun
ka dunya ???
Nu kadua  siga gawena Yudistira jeung Sang Purnawarman
?? sanajan itu mah siga �gede� ari sareatna ieu Rasul
mah siga �teu pira��. kumaha leuwih
sampurnana?�Jawabna biasa�.rupa-rupa�.wantuning warna
warna pamanggihna.  

Nu ditulis ieu mah papanggihan pribadi nurutkeun beda
beda alamna tangtung�. dongeng kuring make alam kami
basa kaula sugan mangrupa gawena aing�. sanajan tangtu
jauh ari siga nu kaluar tina Nun mah�.ngan sugan jadi
bahan pikeun nu pilih pilih rabi pindah pindah rasa
dina mernahkeun tangtung�.Nu saalam kantun imut nu
henteu tangtuna aeh aehan� 

Ieu mah Sabab lantaran nuturkeun cecekelan tangtung
karuhun sunda�.. hikmah� hikmah nu oge kacaritakeun
dina Qur�an di jaman sayidina Ibrahim� ieu sang
Khalilullah bet migawe meuncit anak (kanyaahna) cenah
dititah ku El�ari pek sanggeus Ibrahim daek mampuh
miceun kanyaah/kalebar ka anak �ieu El Allahna Ibrahim
the malah miwarang meuncit domba (sato) (ngaganti anak
ku domba)�. Naha kitu padikana?  Nepikeun ka diturutan
dina Agama Sayidina Muhammad da cenah Milatu Ibrahim. 

�Komo ditambahan ku dongeng nu cenah tutumpakan Sang
Rahmatan lil Alamin dina isra mi�raj nyaba ka
bethlehem terus ka langit katujuh/jeung mulihna teh
bet tutumpakan  sato (Kuda) nu huluna jelema/awewe
geulis (buraq)�.na bet sapertos Siwa�teu tiasa angkat
nyalira ?? ceuk uing mah�ieu kabeh�.eusi nu
disilokakeun ku kabinangkitan�.siloka turun manurun nu
lain sabongbrong�.siloka bawaning eusi� cekeleun terah
sunda nu kapake sapanjang jaman satiap alaming
tangtung  nu hayang mulya. Matak pantes prak-prakanana
diturutan dituturkeun

�Komo bari boga kasieun�sieun kawas nu dicaritakeun
dina surat sapi bikang na mushaf utsmani cenah kaum
isra-El (abdi Allah) na Sang Kalamullah meunang
bebendon teu nurut ka titah Yahweh Allah na Musa
dititah meuncit sato kalahka enggeusna disembah. Geus
mulya hina deui.


Bagian II



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke