Ngeunaan kecap "Bogor" anu hartina tunggul kawung, sigana-diantarana-
dumasar kanyataan waktu jaman Pajajaran, salah sahiji sumber pangupa 
(matapencaharian) jiwa rakyat harita taya lian ti gula kawung tea. 
Dina bukuna ngeunaan sajarah Sunda tea, Kang Saleh Danasasmita alm. 
saparakanca netelakeun yen salah sahiji komoditi ekspor karajaan 
Sunda harita nya gula beureum tea anu bahana tina legen kawung. 

Tangkal kawung, sarupa jeung tangkal sagolonganana, kalapa, sakabeh 
bagean tangkalna kacida manfaatna keur kahirupan manusa. Kukituna, 
kaharti upama dina kosmologi Sunda aya anu disebut mustika kitri tea 
anu kaayeunakeun diabadikeun jadi lambang Pramuka.

Ngeunaan daerah sejenna, aya buku sajarah kota-kota di Tatar Sunda 
tulisan Nina Lubis tea. Tapi, tina ningalan eta buku sakolepatan, asa 
teu heunteu pati loba guaran toponomi di lebetna teh.

Baktos,
manAR


--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Kamari teh memeh balik ti pagawean nyimpang heula ka pasar buku 
di Suci,
> pedah aya nu nawaran buku anyar, judulna Toponimi Kota Bogor, 
kabupaten
> Bogor jeung kota Depok.
>      Aya ucapan Pa Cilong ari waktu keur mantun Carita Ngadegna 
Dayeuh
> Pajajaran :
> 
>   "Tah didinya ku andika adegkeun eta dayeuh
>   Laju ngaranan Bogor
>   Sabab bogor teh hartina tunggul kawung
>   Ari tunggul kawung.
>   Emang ge euweuh hartina
>   Euweuh soteh ceuk nu teu ngarti....jst."
> 
>   
>   Ari keur daerah sejen geus aya encan buku samodel kieu..?
> 
> 
>   MSasmita





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke