Sapagodos Kang, ngeunaan ngaronjatkeun manajemen ku elmu jeng teknologi. Nya ieu pisan salah sahijina anu dimaksud buah tina "ulah ngaralieukan (bae) ka tukang" sakumaha dina wangsit tea, ceuk cenah.
Ngeunaan manajemen KT kungsi ditulis dina usulan "Program Pangwangunan Indonesia Jangka 100 hari, Jangka Pendek, Jangka Menegah, dan Jangka Panjang Presiden RI Periode 2004 - 2009", beunangna sepuh tea. Ieu usulan teh aya keneh dina peperenian, aya anu haat mah mangga teh teuing seja dipadungdengkeun dina panglawangungan US mah. Persis pisan usulan teh, KTP cukup sakali saumur hirup, kajaba mun ilang. Conto lain anu kudu make manajemen praktis: soal pajeg. Nya atuh pantesna jeung surupna, anu arek mere pajeg mah ulah tepi ka kudu hese meunangkeun NPWP. Anu gelo oge dibendo, piraku anu arek mere upeti ka nagara tepi ka kahulag ku urusan nomer pajak. Kaitkeun bae atuh NPWP teh jeung KTP, matak naon. Anu sejenna deui, soal asuransi kacilakaan. Na da di urang mah piseurieun, ma enya polisi pipilueun urusan kacilakaan. Urusan pangobatan anu cilaka mah nya urusan dokter atuh, kajaba upama sabab- sabanna kacilakaan eta karek pantes jadi kasibukan polisi. Keur meunangkeun asuransi kacilakaan mah cukup bae ku nomer STNK anu boga kandaraan anu keuna ku kacilakaan. Conto deui, soal kaproyekan. Salila tanda yen hiji proyek geus dilaksanakeun teh kuitansi, nya salila eta nagara teh moal maju- maju. Enya, coba bae ilikan di nagara urang, apan geus jadi sabiwir hiji, rengsena pagawean teh lain ku bukti laporan anu diheulakeun, tapi kuitansi. Asal geus beres kuitansi, dianggap beres pagawean. Tepi ka aya kajadian di hiji kantor pamarentahan, keur nyieun kuitansi "tenaga kerja lokal" di Maluku, da eta mah anu tanggungjawab kagiatan tepi ka survey ka pakuburan di Maluku. Survey keur naon, keur nyatet ngaran-ngaran pagawe kasar, ngaran anu khas Maluku keur kotretkeuneun dina kuitansi. Numatak kaharti upama kabocoran anggaran di urang tepi ka 40% ceuk bangawan ekonomi urang. Sakitu heula, bisi ngalembereh ieu budah carita. Baktos, manAR --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kang oman, nu kasawang ku kuring jigana nu jadi > masalah di urang teh utamana mah masalah manajemen. > ari masalah sumberdaya mah, boh sumberdaya alam kitu > deui sumberdaya manusa asana teu buncit-buncit teuing. > > > conto sederhana misalna masalah urusan KTP, enya kartu > penduduk tea. ninggali di lembur tatangga, nyieun KTP > teh da ngan sakali saumur hirup. ngan diganti sakali, > eta oge fotona hungkul dimana geus nincak rumaja. eta > KTP teh deuih memang boga kasakten luar biasa. sagala > urusan bakal ngamuara ka KTP. keur urusan sakola, nu > dipake KTP, keur urusan ka bank nu dipake KTP oge. > > conto lain, urusan legalisir dokumen resmi, misalna > ijazah. salina fotocopy ijazah sarjana bisa > dilegalisir ku lurah atawa kapala sakola sd. cukup ku > nembongkeun aslina, fotocopyna bisa dilegalisir. > > eta dua conto teh ngagambarkeun cara mikir nu > sederhana, praktis. kulantaran praktis tea, kasempetan > pikeun nyeleweng teh jadi heureut. jeung deui biaya > operasi jadi efisien. wallahua'lam. > > salam, > mh > > > > ===== > bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ > hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

