Kang  Tirta, anu dimaksad aya referensina teh naon, naha Ensi Keris eta atanapi aya deui...?
(Puguh matak pogot ngabandungan sual Kujang, mung nyaeta milarian buku/referensi-na teu acan menda pisan, kantos aya nu ngawartosan saurna dina jurnal ti STSI taun 2000 mung duka sasih naon kantos di muat, mung hanjakal dugi ka ayeuna ge can mendak...)
 
MSasmita
-----Original Message-----
From: Jalak Pakuan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, January 12, 2005 11:51 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] KUJANG

Jalak Banten ceuk urang wetan kujang mah kalebetna sanes senjata, tapi pusaka nu ceuk urang wetan mah Tosan Aji. Dina Ensiklopedi keris, kujang teh saleresna pusaka keur tukang tani/ngahuma pikeun tolak bala panyakit, gagal panen jste., pokona intina mah sanes senjata nu jadi alat peperangan. Ku naon kujang jadi mashur, cenah sajarahna saprak "beladiri Bubat" aya "kebijakan terselubung Majapahit" (??), upaya "discourage" yen karajaan di TS teu meunang nyieun parangka keur perang (keris, tumbak). Atuh saprak ti harita loba empu2 US nu parindah ka Tuban (nu kawenatar jadi empu Tuban Pajajaran), atuh nu di TS lumpatna nyarieun kujang nu fungsina keur kamaslahatan lain keur peperangan. Carita2 urang wetan teh aya referensina, ngan kuring can manggih referensi ti US sorangan. Aya di web US/Kisunda ngeunaan kujang tapi referensina asana mah teu aya.
 
salam
Jalak Pakuan



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke