Dina KOMPAS poe minggu, aya artikel husus wawancara ngeunaan Pa Danny
nu ahli geologi tea (pasti balad Kang Oman).
Poe kamari, kabeneran diajak lalajo seminar sapoe di Dep. Pariwisata &
Kebudayaan ngeunaan "Manusa Flores" tea. Lian ti, tangtu, merhatikeun
eusi seminarna, oge nempoan saha2 jalma nu datang, komo narasumberna
mah. Ngeunaan aspek geologina, nu jadi narasumberna urang Sunda. Aya
oge Pa Uka Candrasasmita, ahli widang naon nya anjeunna teh? Tapi anu
jadi puseurna mah, Prof. T. Jacob & Soedjono, kaleresan sanes urang
Sunda, hehe...

Ngeunaan manusa Flores, nu geus katelah Homo floresiensis tea, geuning
rame keneh padungdenganana teh. Nempo replikana, enya mani leutik
sirahna teh, sagede sirah budak orok meureun.
Beda anu poko ti eta dua grup panalungtik, sakumaha anu geus rame
wawarna di media, nyaeta ngeunaan spesies eta "manusa". Ari tim nu
ngumumkeun tea mah geus asa jinek yen eta nu kapanggih teh spesies nu
sejen ti nu geus kapanggih, ari ceuk tim T. Jacob mah condong ka
manusa modern nu keuna ku mikrosefali. Hiji deui hal: ari ceuk tim nu
kahiji eta rorongkong teh awewe, ceuk tim Jacob mah eta teh lalaki.
Nepi ka kitu pisan bedana.
Ngeunaan jangkungna eta rorongkong nu pendek pisan, paling jangkung
ukur 1,2 meteran. Aya dua hal anu diajengkeun....
Kahiji, eta manusa ngarandapan mikrocefali tea, nu sacara umum
ngalaman pengkerdilan.
Kadua, mun ditengetan sabudeureunana, horeng masarakat di wewengkon
Liang (guha) Bua(h) oge boga dedegan nu laleutik. Dedegan anu laleutik
ieu, ditalungtik tina aspek budayana, jigana alatan ayana adat
endogami (endo = jero, gami = kawin), nyaeta kawin ka dulur sorangan,
ka kapiadi/kapilanceuk, pokona mah dulur nu kaitung deukeut weh.
Balukar tina adat ieu, cenah ceuk dokter ti Univ. Erlangga, turunanana
bakal beuki pendek sarta kamungkinan gede morosot IQ-na.

Tos ah, keur bersin bae..
---------------
sikandar


---------- Forwarded message ----------
Subject: [Urang Sunda] Re: Dominasi Elmu Geografi
To: [email protected]
Satemenna....loba urang Sunda anu ahli dina widang elmu-elmu pakait
jeung taneuh (ilmu-ilmu kebumian). Si kuring onaman teu satai kuku-
satai kukuna acan. Teu apal nanaon si kuring mah, enya soteh siga
anu calakan dina milist, estuning noroweco bae jeung teu weleh kudu
ngilikan bae peperenian. Entong Kang, tong disaruakeun jeunh bener-
bener ahli elmu taneuh si kuring mah, da rumasa sagalana oge ukur
sapotong. Leuheung mun enya sapotong, ieu mah teu sacongo-congo acan.


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke