Wilujeng sonten kang Jalak, wilujeng sonten baraya Urang sunda.......Kumaha aramang..?
Maos postingan kang Jalak teteh kerung, naha aya acara naon nya...? sok ah...wartosan kang jalak...? sok katinggaleun wae yeuh..!...upami aya keneh lolongkrang waktosmah...si teteh hoyong ngiring.....
 
Salam
teh tien
( perkawis penca mah kantos nuju KKN, penca cimandean)

Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sok atuh urang sasarengan. Ke acarana ditata deui, diusulkeun ka Kang Akos.
Kawih dipirig ku kacapi suling: Teh Nia, Teh Ina, Teh Imas, Teh Tien, Kang Ikmal, Jalak Banten
Penca (Cimande, Cikalong, Cimalati, Ciamis):   Kang Agus Pakusarakan, Kang Ikmal, Kang Akos (sohibul bait)
Debus: Jalak Banten
 
Sim kuring? Kacapi rincik (mun teu poho)  -:))
 
salam
jalak pakuan
 
Pamundut ka nu rek ngawih/nembang: Bulan Sapasi, Ceurik Rahwana

Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sae tah kang, abdi ge sapagodos sareng akang, raos keneh siang ka
sontennakeun, sapertos na mah tos rineh sareng moal riweuh teuing panginten.
hatur nuhun,
ikmal

Jalak Pakuan wrote:

>Ari acarana teh resmina tabuh 11- 13. Kang Akos mesen ka sim kuring kudu bisa datang babarengan supaya sakalian silaturahmi jeung bisi aya nu rek diobrolkeun. Harita teh ay alternatip jam 10 (memeh acara resmi) atawa kaahirnakeun, deukeut2 jam hiji siang nepi ka ..bebas panjang jamna. Kumaha atuh mun ba'da dzuhur sekitar jam 12:30an? sugan geus teu pagelek-gelek teuing jeung rada jongjon mun rek ngobrol.  Tapi teu langkung para wargi mana nu pang sugemana.
>
>salam
>JP

>



--
Internal Virus Database is out-of-date.
Checked by AVG Anti-Virus.
Version: 7.0.298 / Virus Database: 265.6.7 - Release Date: 12/30/2004



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke