Ah, tiasaan si Akang mah,...


On Fri, 14 Jan 2005 09:56:34 +0700, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Wargi sunda saalam dunya, aya kapercayaan atawa bisa disebutkeun mitos
> dimasarakat, ngeunaan anu aya hubunganana jeung mandi. Dina sakitu lobana
> mitos eta urang guar tujuh siki, nyaeta mitos saperti kieu : 
>   
> 1.Lamun awak keur kesangan atawa tas olahraga ulah langsung mandi, cenah sok
> paru paru basah. Nu bener ceuk ahlina lamun awak keur kesangan, pembuluh
> darah teh ngagedean, kukituna lamun langsung diguyur kucai,  bakal
> ngabalukarkeun kagangguna kasehatan jantung. Jadi, leuwih alus sabada
> olahraga utamana lari pagi, ulah langsung gebrus mandi, atuh matak naon
> nongkrong heula itung itung reureuh, susuganan aya nini- nini ngaliwat make
> bikini. 
>   
> 2. Tas dahar ulah langsung mandi, cenah matak  beuteung bucitreuk kawas nu
> cacingeun. Nu bener euweuh hubungan antara mandi jeung bucitreukna beuteung.
>  Jadi lamun beuteung bucitreuk kawas nu cacingeun lain lantaran kabiasaan
> tas dahar  langsung mandi, tapi geus bisa dipastikeun alatan  telat nginum
> kombrantrin. 
>   
> 3. Ulah mandi dina wanci  peuting cenah sok rematik. Nu bener lain matak
> rematik tapi matak asup angin jeung olok sabun deuih, lantaran mun beurangna
> geus mandi nek nanahaon peutingna mandi deui. 
>   
> 4. Keur kajangkit cacar cenah ulah mandi. Nu bener, lamun awak keur muriang
> galingging panas tiris kakara ulah mandi komo mandina bari humarurung tur
> hahariringan mah. 
>   
> 5. Mandi ku cai panas cenah leuwih beresih tibatan ku cai tiis. Nu bener,
> mandi ku cai panas ngabalukarkeun kulit kering, komo ku cai ngagolak mah
> matak ngalepuh. 
>   
> 6. Mandi kembang tujuh rupa wanci tengah peuting cenah sok tereh meunang
> jodo. Nu bener mandi tengah peuting mah matak ngayekyek tiris. Lamun hayang
> geura  meunang jodo, cobaan geura mandi dikolam renang umum heug dina
> tonggong jeung dada make tulisan kawas kieu : Uing jomblo keneh euy! mun
> bogoh ka uing sok udag! Pasti langsung aya nu ngudag, bari jegug jegug
> ngagogog. 
>   
> 7. Lamun tara mandi cenah sok bau embe. Tah eta mah enya BENER ! 
> SR 
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>  
>  Yahoo! Groups Sponsor 
>  
>  ADVERTISEMENT
>  
>  
>  ________________________________
>  Yahoo! Groups Links
>  
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


-- 
--Roisz Nan Gagah
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan 
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke