Ngiring bingah ka kulawargi Kang Akos, anu parantos nyepitan putrana kalayan lungsur-langsar henteu aya pamengan.
Oge, ngiring ngarojong du'a, pamugi para putra Kang Akos ieu, sing janten murangkalih anu soleh... taat kana agama sareng pikareueuseun kanggo sepuhna sareng sakumna jalmi anu ningalina.  Amiin.
Oge.. ngiring raos.. ngawawaas.. ngupingkeun jentrengna kacapi sareng ngelikna soara suling.. komo lamun mirigan halimpuna soanten juru sekar .. anu oge dibayangkeun matak pikabetaheun anu mencrongna.....oh......
 
Wassalamu'alaikum wr wb.
Baktos,
Jun (nagri Ginseng, anu nuju usum ngahodhod)
NamBih:  Biasana, sim kuring sok nyingket ngaran teh ku inisial AJ, tapi khusus kanggo di Kusnet, kumargi oge aya Kang AJ sanes (haturan Kang Asep Juarna), rumaos sim kuring rada "yunior'an (rupina wae kitu oge, dikira-kira) ti Kang AJ.. nya nganggo Jun bae.. da ieu oge tos janten landihan kuring anu sanesna... Aya anu sami ngango Jun oge?


Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ka wargi sadaya sim kuring aya pesen SMS ti Kang Akos:

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke