--- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Dedi Suhendra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-Kang abdi oge gaduh yeuh...., KIDUNG PANGBALIKAN Gamparan kumaha damang... Kuringmah pangesto Bae,.... aya beja ti babakan satapak nu kungsi dilanglang.... anjog harewos ti kahuripan jeung taman sakembang Taya semu-semu rudin.... Gandang dangongna ginding, hade tangtung dayeuh Bandung Pantes jadi bentang babanteng bentengna Jawi aya lirih ti kaanggangan ngajerit ati ngagero hate...ngagupay raga ngagalindengkeun kidung pangbalikan Ari ras ku indung peuting palias leungiteun alas cadu mun mudu layu, calutak mun leletak beak ...ngan curinghak gamparan pupunden hate ...nu miang ninggalkeun tandang, rek mulang nembang haleuang Gunung Gede henteu hade....pangrango ngadago... Burangrang mikamelang.. mapay-mapay kalangkang heulang teu beunang dibebenjokeun.... ngan indung nu jadi papayung layung bisa hurip numawa diri, barokahna du'a Bapak manjing jadi walagri, gumelar jadi pangawasa Hampura kuring can babakti...... January,14,2005 panggupay hate, dipangumbaraan Asep Oeking-FL > mangga geura aos........... > > Dikintun: Yaya Rukayadi (IP Logged) > Kaping: 13.11.2003 05:37 > > Hayang Mulang > > Ema..... > geuning tingtrim teh teu pasini > cangcaya sakapeung atra > sigana > mung lembur nu baris jadi paniis > > mung hanjakal Ema, > abdimah narah mulang ka Nusantara > embung balik ka NKRI > da hayang teh > mulang ka Pasundan > ka Parahyangan > > seja mulang pedah tibelat ka "Rumingkang" > seja bakti ka pancaniti jeung lemah cai > hayang geura bruk-brak beja > cacarita rendaan cara lalaki langit lalanang jagat > Jaya Perkosa > > kantos abdi tumaros > naha hanjuang beureum masih anteb > na tatapakan Sumedang Larang > laratanna Padjadjaran > nu bakal kasampeur di hareup > > Ema, > mun enya teh abdi mulang > hayang dipapag ku jatining asri > ku seungitna kaemasan ki Sunda > > (Yaya Rukayadi. Tungtung Seoul, 08 Oktober 2003. Basa > hayang mulang ka Pasundan) > > baktos > > > hadi > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Meet the all-new My Yahoo! � Try it today! --- End forwarded message --- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

