Haturan kang Asep........kumaha damang..? tabuh sabaraha diditu...? didieu mah tabuh janari tabuh tilu langkung saparapat.....sakedap deui subuh.....
Sami atuh sakaterang teteh oge hiji domba kanggo hiji jalmi, upami hiji sapi kanggo 7 jalmi, boh murangklaih, boh sepuh.......
 
salam
teh tien

asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sakaemut sim kuring mah qurban, sakumaha oge zakat
fitrah, eta teh ibadah badan, sanes ibadah kulawargi.
Janten, hiji domba teh nyekapan kanggo hiji jalmi...

AJ

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Perkawis hukum2 nu patali sareng masalah kurban,
> saena ngarujuk ka
> dalil-dalil anu soheh nu ku urang tiasa dibaca dina
> buku2 tungtunan
> ibadah. Sakaterang mah kieu...
> - kurban hiji domba nyekapan (lumaku) kanggo hiji
> kulawarga, sato
> kurban nu leuwig badag kayaning sapi tiasa
> dikurbankeun ku atas nami
> tujuh urang.
> - sato nu dikurbankeun kudu sehat, teu cacad, sarta
> aya kasapukan
> dipihak umumna ulama sangkan eta satokurban teh kudu
> geus cukup umur
> (conto pikeun domba mah geus punglak tea)
> - tina eta sato kurban, nu kurban gaduh hak kana
> dagingna: dituang,
> disimpen, sarta disodakohkeun. Dina hal ieu, asana
> babagianana teu
> ditangtukeun. Oge di masarakat kadang teu sami. Di
> tempat kuring
> biasana panitia ngajatah sapertilu pikeun nu kurban,
> dua pertiluna
> disodakohkeun. Tinu jatah eta, urang tiasa bae
> ngabagikeun deui...
>
> Sakitu panginten. kanggo langkung lengkep, mangga
> aos buku2 tungtunanana.
>
> Owh, muhun, perkawis harga sapi, rupi2 Teh Tien. Anu
> kualitas hade
> (sapi brahmana nu beuratna ampir satengah ton
> misalna, hargana dugi ka
> 8 jutaan). Kanggo pastina mah pilari bae pasar2 sato
> kurban.
>
> --
> sikandar
>



           
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - Get yours free!
http://my.yahoo.com




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke