Ieu mah urang nyoba-nyoba bae ngajelaskeun, hampura bener salahna mah da lain ti ahli tsunami, oge lain ti ahli gempa. Bisa jadi memang aya lini di laut sabudeureun Ujung Kulon, ieu lini cukup gede......ngan tempatna (epicentrumna)...sigana jauh pisan di jero laut (leuwih ti 10 km). Lini ieu ngakibatkeun surutna cai laut........tapi teu ngabalukarkeun ombak (tsunami), kusabab kajadiana di jero laut (tanaga keur tsunami kaburu eureun, beak di jalan antara epicentrum - beungeut laut luhurna jeung sabudeureunana). Kitu sugan.
Atuh bisa bae heunteu jadi tsunami teh ulantaran aya kakuatan ghaib anu ngahalangan kajadianana. Kakuatan ghaib ti mana? ti para guriang, tina do'a-do'a jalma anu katideresa anu diijabah ku Pangeran, ti manusa-manusa bereseih, ti rengrengan anu tos anjog kana makom "co-creator", hakekatna ti Gusti Alloh keneh. Wallohu 'alam. Anu jelas ulah kendat-kendat nya amal sholeh, amal ka papada manusa jeung makhluk lianna, oge ngado'a, ngebrehkeun kateuwalakayaan urang salaku makhluk-Na. Baktos, manAR --- In [email protected], hazar ms <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi aya wartos, dinten sabtu ping 15 Jan 05 kamari aya karasa lini di > sabuderen Depok, Tangerang, Bogor. > Sim kuring sorangan teu ngarasakeun, tapi dinten Mingguna bada Magrib > asa ningali kembang plastik pajangan oyag. > > > On Sat, 15 Jan 2005 04:00:38 -0000, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > > Cai laut surut anu normalna mah karana "gaya tarik" bulan tea > > pagaloh jeung rotasi bumi. Upama tsunami, cai laut memang surut > > heula, tapi heunteu lila, moal kungsi satengah jam, tuluy datang > > ombak gede. Upama anu kajadian, cai surut tapi teu aya (teu > > kebajekeun) tsunami di eta basisir, teuing, si kuring oge bingung. > > Upama dibalukarkeun aya tanaga sejen ti ruang angkasa, tapigeuningan > > naha ukur di Ujungkulon kajadianana? Upama karana aya urug di laut, > > naha teu kabejakeun aya lini-na? Moal kitu eta cai laut surut teh > > ngarupakeun laut anu keur nyaimbangkeun maneh karana kajadian > > tsunami di Aceh? Wallohu'alam. Anu jelas lain tsunami ari ukur surut > > mah. > > > > Baktos, > > manAR > > > > --- In [email protected], "Daradjat, Dhani (dhanigd)" > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Uwa Manar- > > > > > > Ari berita dihandap na gejala tsunami? > > > Atanapi pengaruh ti tsunami di Aceh? > > > > > > Nuhun, > > > > > > DHani- > > > > > > > > > -----Original Message----- > > > From: Fauzi, Dedi [mailto:[EMAIL PROTECTED] > > > Sent: Friday, January 14, 2005 8:11 AM > > > To: [EMAIL PROTECTED] > > > Subject: Do'akan > > > > > > > > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

