Hatur nuhun, Senen enjing tos aya tiluan nu mairan (Kang Asep + Kang Agus). Ieu artikel teh ceuk Kang Asep mah saka......? Enya sih dibaca salintas oge. Tumali jeung eta artikel, numutkeun sim kuring mah kedah aya lajuning laku ka eta artikel JS.
1. nyieun artikel "tembalan" supaya dimuat ku PR. Eta mah bade ngalempengkeun, ngalengkepan jste.
2. mun diantep teu di "tembalan" ke tuluyna. Start: Silas = 2 Ing + 1 Tut. Next: Silas = Penjabaran Ki Hajar Dewantara. Conclusion: US tuturut munding ??!!!!
Usul sim kuring mah mangga Kang Oman bade nyalira ngadamel artikel "tembalan", kontak urang PR supados janten "urgent" dimuat. Tiasa oge dirempug rame-rame, outline, dfraft digarap babarengan. Asana mah Senen payun idealna tos dimuat dina PR.
Kumaha wargi Kusnet nu sanes?
salam
Jalak Pakuan
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upama nafsirkeun SILAS ku Tri Tangtu di Bumi (TTDB) kalawan harti
nyoko kana wewengkon di Kanekes, asana kurang luyu, asa dipaksakeun.
Komo tafsiran SILAS ku tut wuri handayani...jst mah dipaksakeun
teuing, asa heunteu merenah.
Ongkoh deui, ceuk ahli kasundaan ti US mah, diantarana, pangersa
Abah Surya (Drs. Hidayat Suryalaga) sakumaha dina bukuna, "Kasundaan
Rawayan Jati", SILAS kalawan urutan "Silih Asah, Asih, Silih Asuh"
teh "salah kaprah". Urutan SILAS anu aslina, saurna, kuduna "Silih
Asih, Silih Asah, Silih Asuh". Jadi, "Asih" heula, karek
bisa "ngasah" jeung "ngasuh". Kulantaran ku gampangna
ngaruntuykeun "vokal" "a, i, u" tinimbang "i, a, u", nya urutan
SILAS leuwih populer "Silih Asah, Asih, Silih Asuh",
tinimbang "Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh".
TTDB oge lain ukur wewengkon di Kanekes tafsirna teh. Numutkeun Abah
Surya, TTDB teh nya "Sang Resi, Sang Rama, sareng Sang Prabu". Enya
ari dikaitkeun jeung Trias Politica mah dina tafsirna sapagodos.
Kanggo jelasna mah mangga ilo bae buku "Kasundaan Rawayan Jati"
(KRJ).
Balik deui kana SILAS kalawan tafsiran sakumaha dina KRJ, masing-
masing unsurna dugi ka aya 18 harti. Lengkep pisan kanggo
ringkelkeuneun dina mis tug dugi ka program. Kukituna, SILAS teh
leres ajen inajen poko kasundaan, neruskeun konsep/jejer "SILIH"
tina "SILIWANGI" tea. Sapagodos dina tafsiran "bersatu dalam
keragaman" kanggo SILAS sakumaha dina pamungkas eta seratan.
Cag heula.
Baktos,
manAR
--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Ka baraya US kumaha ngeunaan pamadegan Pak JS ieu, naha sarua? Asa
kakara yeuh 3SA jadi 3C (Cikeusik, Cikertawana, Cibeo). Naha aya
henteu pangaruh Cikeas ka US kiwari?
> (Punten teu dialihbasakeun).
>
> Wilujeng tepung ahir minggon.JP
>
>
> -----------------------------------------
> Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh
> Oleh JAKOB SUMARDJO
>
> UNGKAPAN yang amat populer di masyarakat Sunda ini adalah bagian
dari konsep Trias Politika Sunda. Umumnya orang menafsirkan ungkapan
budaya itu berdasarkan pandangan masa kini, yakni dalam pola
berpikir modernnya. Tetapi ungkapan ini bukan berasal dari masa kini
Sunda. Ungkapan itu berasal dari masa lampau Sunda, dan dengan
demikian harus kita letakkan dalam ekologi budaya Sunda masa lampau
juga. Meskipun demikian, karena ini merupakan produk berpikir
manusia Sunda, maka ungkapan ini tetap relevan bagi masyarakat Sunda
sekarang.
>
> Silih asah, apa maksudnya? Artinya saling mengasah, saling
mempertajam agar lebih berdaya guna dalam kehidupan, saling
mendalami makna. Tentunya ada yang mengasah dan ada yang diasah.
Siapa pengasahnya? Siapa yang diasah? Diakronik sejarah masyarakat
Sunda pada awalnya mengenal tritangtu, yang dalam pengertian sosio-
budayanya terdiri dari kesatuan tiga kampung utama Baduy, yakni
Cikeusik, Cikertawana, dan Cibeo. Kampung paling tua (indung) adalah
Cikeusik, yang berperan sebagai pemegang atau pewaris norma-norma
adat dari karuhun. Cikeusik adalah pemilik mandat kekuasaan.
>
> Kalau pola tritangtu ini sejak zaman dulu kala tidak berubah
sampai hari-hari ini, mengapa masa depan Sunda harus berubah dari
pola ini? Itulah jati diri Sunda.***
>
> Penulis, Budayawan.
>
> Pikiran Rakyat, 14 Januari 2005
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

