Situ bagendit mah tokoh utamana Nyi Endit anu pedit keked mengkene tea.. Wewengkon Taman, pami teu lepat ti Rancabango ka lebet pami ti Garut Kota mah sateuacan Pemandian Cipanas, duka ari situna mah naha aya keneh naha henteu.. Timbanganten mah sanes Limbangan, aya lembur Timbanganten.. Pami di Tarogong (caket alun-alun) aya nami wewengkon Cimanganten.. Naha patali sareng Timbanganten atanapi henteu? kirang terang..
~ipup~ --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Carita Gunung Guntur ieu, pamustunganana, sigana lain bae nyaritakeun sasakala ngaran "Gunung Guntur", tapi oge Situ Bagendit. Ngan lain sasakala keur situ Bagendit mah, malah nyaritakeun kajadianana pisan. Yen eta Situ teh jieunan manusa. Oge naha tina nami Ratu Inten Dewata katelahna Garut salaku kota Inten? Enya kitu? urang antos bae seratan saterasna ti Kang Kumincir. Mangga Kang lajengkeun. > > Catetan saeutik. Naha ari Ranggalawe teh sanes salah sawios kapercatenana Sembah Dalem Jayaprakosa tea, kitu? Timbanganten teh taya lian ti Balubur Limbangan ayeuna, tumuwuhna ieu kota mayunan Garut. Upama kitu, tetela atuh carita Sembah Dalem anu ngorolos ti Dayeuh Luhur tuluy reureuh di Pamijahan teh enya, sindang heula ngababakan di Timbanganten. > > Mangga Kang, mugi heunteu aya halangan nanaon kanggo neraskeunana. Ngeunaan catetan sejarah dijieunna Situ Bagendit kungsi dimuat dina koran PR sababaraha taun ka tukang. > > Baktos, > manAR ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

