Waalaiukum salam wr.wb.
Hatur nuhun Kang Ikmal. Ari mawa kahayang mah asa hayang jleg we panggih jeung AA, tapi raga can wasa ngalengkah ka padumukanana. Ngan aya hiji nu can jelas keur sim kuring nyaeta masalah "wangsit" sacara umum. Hayang terang naon nu dimaksud "wangsit" dina kabudayan US. Aya baraya nu uninga nu ngarana "wangsit"?
salam
Jalak Pakuan
Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Baraya....
punten abdi teu tiasa nepangan langsung ka Abah Anis (AA) dugi ka danget
iyeu, mung abdi nyuhunkeun tulung ka sobat dalit abdi sangkan nepangan
AA, da sadayana anu di suhunkeun ku Ua Sas, kang Asep Junaedi, diprint
sareng disanggakeun ka anjeun na. mung sadayana anu di suhunkeun/
ditaroskeun teh teu tiasa dipang-motokopi-keun margina teu dipasihkeun
ku AA, saurna teh anjeuna kenging wangsit ti saha nya (?), mung sadaya
patarosan kamari teh ti rekam (hatur nuhun kang JP) mudah-mudahan wae
rekaman nana tiasa di dangukeun. Anjeuna ngarojong pisan kana US sareng
pami aya nu hoyong silaturahmi saurna teh mangga wae nepangan ka
Sukabumi, diantos saur na teh.
eh hilap, kang Jun pami sasakala sukabumi mah saur rerencangan abdi teh
hilap teu ditaroskeun.
mung askitu heula anu kapihatur, hapunten bilih aya kalepatan,
Wassalam,
baktos,
ikmal
--
Internal Virus Database is out-of-date.
Checked by AVG Anti-Virus.
Version: 7.0.298 / Virus Database: 265.6.7 - Release Date: 12/30/2004
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

