Ieu aya resep kageulisan alami.. 1. Beubeureum endog 1 diaduk sareng minyak jaetun haneut, lajeng dibalurkeun. Upami tos rata diantep 15 menit. Parantos kitu disusutan ku lamak baseuh haneut, engkena dilampat ku lamak baseuh tiis.
2. Supados kulit limit sareng leuleus kedah ngalebetkeun sasendok alit/2 havermout kana kanjut lamak. clom anclomkeun kana cisusu atah, lajeng raray teh susutan ku eta. Dilampat ku lamak baseuh tiis. 3. Bobodas endog hiji dikopyok, sasendok alit cijeruk mipis, sasendok alit citomat (cai kemir) diadukkeun. Saparantos dalit, lajeng ulas-ulaskeun kana raray, diantep 15 menit. Nyandakna ku lamak baseuh haneut, dilampat ku lamak baseuh tiis. 4. Cai bonteng ditambih cai jeruk mipis, watekna matak koneas upami dileukeunan. Kenging dianggo ngicalkeun kokoloteun. Dupi cisusu atah atanapi cisusu puter watekna matak limit tur bodas. 5. Madu tulen ditotol-totolkeun ku tungtung ramo, diantep kirang langkung 20 menit. Disusut ku lamak baseuh haneut, dilampat ku lamak baseuh tiis. 6. Saminggu sakali disaaban (stoombaden), nyayagikeun cai dina wadah, raray diulasan ku lisah jaitun (olifolie) haneut. Upami parantos walatra, lajeng pameunteu tompokeun saluruheun cai panas tea; mastaka kedah dirimbunan dongkap ka ngarungkupan wadah, supados saab henteu moncor. Soca kedah dipeureumkeun. Lamina disaaban kirang langkung 3/4 menit. Upami parantos, lajeng raray disusutan ku kapas, saparantos kitu diusapan lalaunan ku es kenging mungkus ku lamak lemes. 7. Bagilir ditamas (wisselbaden), ngawitan ku cai haneut lajeng ku cai tiis, lajeng cai haneut deui, cai tiis deui, kitu bae sawatawis kali. 8. Memeh kulem kedah ditamas heula nganggo cleansing creme, diulaskeun kana raray, disusutan ku kapas ti handap ka luhur. Tos kitu teras nganggo minyak raray (gezichts lotion) kanggo miceun cecepel (vet) tina pameunteu. 9. Kanggo anu liang kulitna (pori-pori) molongo; memeh kulem tamas. diulas ku creme. saparantos walatra, antep sakedap teras dirurub ku lamak baseuh haneut dugi ka tiis, nembe dilaan. Saparantos kitu, urang ngawadahan cai tiis dicukaan sasendok, brus nganclomkeun lamak, rub dirurubkeun sababaraha kali, supados liang kulit nu molongo tea jadi meundeut. Nyanggakeun ka para wanoja anu resep ngarawat kageulisanana... Disalin tina Volksalmanak Soenda taun 1920.. ~ipup~ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

