Kang Oman hartur nuhun kana info. Nya eta geuning US teh "miskin" dokumentasi sajarah, hal ihwal keris jeung kujang oge teu pangacualian. Mun rek dimimitian mah nya urang jieun we tutulisan nu make referensi si A, B jst. Sugan eta teh naratas jalan ka asal-usulna, da keris mah teu sagawayah nu nyekelna. Mun urang apal asal-usul keris kudunamah apal saha nu miboga, nu nyekel eta keris. Jeung cenah kuduna mah urang bisa apal status & laku lampah eta nu miboga keris.
 
Ku hal eta upami kersaeun mah mangga atuh ka anggota Kusnet nu ramana ngagaduhan keris nagaruncing ngadokumentasikeun, pami tiasa mah diterbitkeun janten buku. Sareng deui upami teu kaabotan mah minimal atuh tiasa ditampilkeun ka kusnet, da eta pastina jadi salah sahiji kareueusan US.
 
Atuh ka sepuh Panaruban ieu mah "kudu bin kudu" dianjangan. Sim kuring boga niat pisan nganjangan sepuh Panaruban. Hatur nuhun ka kasayogian Kang Oman. Perkawis waktos rupina kedah diskedul deui Kang. (Kang Oman tadi enjing sim kuring nembe ngobrolkeun rencana ka Kawali tea).
 
baktos
Jalak Pakuan
 
Panambih:
Ka Kang Ikmal ulah hilap ngadokumentasikeun "wawancara" sareng AA (pan dokumen aslina mah teu kenging dikopi)
Ka Kang Rachmat UI, kumaha VCD dokumentasi tepang jeung MA, tos rengse Kang?
 

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya Sunda.
Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda:
http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231

Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen
cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti raja ka
rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama ayeuna
mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu dilelerkeun
ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang
ekonomi/industri jeung lingkungan.

Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina teh
pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na teh
Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra
awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron nyarieun
keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae nyieun
keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda budaya
(nyieun) keris ilang.

Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang seler
karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti dijieun
Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh rada
salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman
Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh
geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M.

Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga
dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di
lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu
kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong,
Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina luhureun
gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu.

Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun
kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka sababaraha
waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah
Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu
katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris
(ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris).

Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu
disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur
(Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung kaproporsialanana
antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi
wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi
Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida
proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna atawa
hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu
proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa dina
huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh.

Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun tina
korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur keur
nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi,
nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung kaproporsionalanana
eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris salah
sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di Tatar
Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi anu
aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi Sunda,
mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea,
sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta
wewengkon anu relatif masih asri.

Baktos,
manAR

  







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke