|
Kang Sobar, Kuring oge maca imel ieu teh Upami eta HP henteu diampihan ku eta budak
alumni Jatinangor …. Moal tiasa gaduh HP nyurilis…. Ulah Judal-Jadol, Lubak-Lebok … aduh
eta mah…… Nu penting mah ulah suah-siah, siah…! He..he… Utun tea… From: Sobar Hidayat
[mailto:[EMAIL PROTECTED] Pasosore balik gawe, luak-lieuk teu manggih batur. Srog ka
warung kopi di Bandara Juanda, pikiran teh itung-itung reureuh da indung na
budak keur ulin ka ua na, menta dijemput na engke rada peuting cenah. Kusiwel
ngaluarkeun buku “sura seuri siga sero” kaluaran mailis kusnet. Eta
buku teh eusina ringkesan humor sunda anu sering diposting di milis komunitas
urang sunda di internet. Biwir teh kuam-keom da kabawakeun ku eusi buku humor tea.
Teu karasa kopi ge geus meh tiis. Barang ngalieuk ka gigir, ari gebeg teh
reuwas da sing horeng korsi gigireun geus dieusian ku budak ngora “Dari Bandung ya kang?” ceuk budak teh nanya ka
kuring. “iyah.” tembal kuring pondok. “Saya juga lulusan universitas di Pelenyun udud, da sungut geus haseum ti tadi nyuruput kopi Di sidik-sidik budak teh kira-kira umur 28 taunan
pakolot-kolot supa lah jeung mang Jamal mah. Buukna cepak rancung model budak
jaman ayeuna. “Saya dulu tinggal di Jatinagor, wah sangat berkesan di Ngadenge Jatinangor, kuring jadi curinghak, da rumasa
Jatinangor mah geus teu bireuk deui keur kuring mah. Dumeh sakola di paguron
luhur teh nya di Jatinangor. Saterusna mah uplek weh ngawangkong ngaler ngidul
jeung eta budak teh. Ringkesna mah eta budak lulusan salah sahiji PTS di
Jatinangor (moal disebut keun persisna mah). Keur uplek ngawangkong, kurulung HP kuring disada. Teu katempo
nomer sabaraha nu nelepon teh da monitorna keur rusak geus dua poe, jadi
ngagebleg hideung weh monitor kasebelan teh. Singhoreng telepon ti dealer HP
anu mere inpormasi yen HP kuring geus katinggaleun jaman jadi spare parts
monitorna teu bisa diganti, wal hasil eta HP teh teu bisa di omean. Mentegeg
hate teh narima inpormasi kitu, tuluy nelepon ka kantor sugan aya keneh jelema
rek menta tulung pang mawakeun HP serep kantor saheulaanan rek di injeum, da
kantor teh masih di wewengkon Bandara Juanda. Weleh euweuh nu ngangkat, sigana
geus baralik kabeh. “Haram jadol…..” cekeng teh “Haram jadol itu apa artinya kang?” ceuk eta
budak nanya ka kuring. “ “Sudah lama sih iya, tapi kata “haram
jadol” itu baru denger sekarang.” “Haram jadol itu artinya “kamu mengagetkan
saya”. Cekeng teh, da era atuh disebut jelema barangasan mah. Geus kitu mah pogot deui kana buku bacaan. Sungut kunyam
kenyom nahan seuri ngabandungan humor dina buku tea. Teu karasa wanci geus nyerelek kamagrib, tuluy menta bon ka
pelayan rek mayar kopi jeung lalawuhna. Ari direret korsi gigireun geus kosong.
“Dasar bedul siah, indit teu basa-basi” gerentes hate. Sanggeus mayar kopi, ras inget ka jangji rek ngajemput
indungna budak. Poho deui jam sabaraha tadi menta dijemputna teh. Uyup-ayap
kana pesak neangan HP rek nelepon indungna budak, weleh teu karampa. Ulak ilik
kana meja. Euweuh didinya oge. Na kamana HP kasebelan teh. Ras inget ka budak anu tadi, palang siang sigana dipaling
meureun. Ulak ilik neangan budak tadi sugan kapanggih, tapi lebeng. Karek oge cetrek mukakeun konci panto kantor, kadenge
telepon kantor ngirining. Tuluy diangkat, “halo……”
cekeng teh. “Ini akang yah…” ceuk sora dina telepon. Gebeg
teh langsung apal kana sora eta jelema teh, sidik sora budak anu tadi. Nyel we
ambek, karek oge arek ngagantawang nyarekan, budak teh kaburu nanya dina
telepon. “Kang kalo ngidupin monitor HP ini gimana caranya?” Da eta mah saharita ambek teh ngadadak leler, jadi hayang
seuri anu aya. Tapi anger ari mentegeg mah masih aya keneh. “Itu artinya “kamu mengagetkan sayah” Tah kitu para pamiarsa sadaya pangalaman kuring nepika
ayeuna boga HP anu “aptudet” “nyurilis” “limitid
edision”. Wassalam, Sobar di Surabaya.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul.......... THR-Tunas Haryanto
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... Mamat rachmat
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... asep juarna

