|
Tadi coba2 sms ka kang Roza.R.Mintaredja salaku panitia saka sunda tea naroskeun kalender. Cek kang Roza masih aya bisa ngahubugan ka Ibu Mira hp. 08157180418 ari hp kang Roza 08156055366 hargana sami sareng anu dipeser ku uwa Sas.
nuhun
JB
-------Original Message-------
Date: 01/19/05 10:38:40
Subject: Re: [Urang Sunda] Sunatan jeung Saka Sunda
ua sas kuring pesen hiji. upama teu aya, fotocopyna
we. insya ALLAH engke bade nyimpang ka margawangi.
upama tiasa, hoyong tiasa kacandak antara kaping 22-25
jauari.
nuhun,
mh
> Kamari hujan ngagebret ti sore keneh, kitu deui
> dina ninggang waktu balik,
> hujan masih keneh, sigana didagoan raat mah matak
> kesel, kuring maksakeun
> balik.
> Peutingna aya dua acara nu kudu didatangan, kahiji
> mah manggihan incu nu
> anyar disunatan atuh kaduana apan hayang ningali
> acara PABARU SUNDA di
> Pendopo Jl Dalem Kaum Bandung.
> Eta dua acara teh alhamdulillah kalakonan,
> ngalongok incu nu anyar
> disunatan jeung ningali acara Pabaru Sunda.
>
> Mimiti ngadenge incu rek disunatan teh poe Radite
> per telepon ti bapana,
> cenah budak teh rek disunatan poe Anggara pasusubuh,
> kuring rada ngarenjag
> naha geuning kudu subuh sagala, nu inget teh jaman
> baheula, mun aya budak
> rek disunatan sok dititah ngeueum heula dibalong
> isuk isuk, ambih baal, tapi
> da jaman ayeuna geus aya dokter nu leuwih nyaho,
> apan obat baal ge loba.
> Ari ceuk katerangan bapana mah rek disunatanana
> teh di Jl Sukarno-Hatta
> (kuring teu pati nyaho lebah-lebahna), eta bengkong
> teh geus kawentar kacida
> maherna, da budak anu disunatan teh sok langsung
> dicalana tara kungsi
> ngagetih heula.
> Enya we barang didatangan ka panganjrekanana,
> budak teh keur tetelendenan,
> ulin, bari jeung dicalana sabiasana, malah bangorna
> ge angger, teu kaciri
> siga anyar disunatan, atuh bapana sugemaeun, nu
> tadina rada salempangeun teh
> geus ilang.
> Ceuk carita bapana datang ka tempat bengkong teh
> jam 3 peuting, ngantri
> sok sanajan geus meunang nomer, da geus daftar
> tianggalna, ti pisaminggueun
> mula.
> Soleh budak teh asup ka rohangan ge teu kudu
> dianteur ku sasaha, nurut we
> ka anu ngageroanana, teu lila budak teh geus kaluar
> deui bari nyerengeh
> seuri ngagigiwing kantong keresek plastik nu dieusi
> ubar. Alhamdulillah
> budak geus beresih.
> Ngadenge dongeng bapana teh kuring ukur gogodeg,
> aya kituna nya "elmu"
> teh. Sanggeus nyecep mah kuring terus mulang,
> sanajan geus jam 9 peuting
> kuring rek terus ka Pendopo.
>
> Nepi ka Pendopo teh kurang leuwih geus tabuh
> 9.30,-, enya we rame kacida,
> barang datang kadinay teh Pa Ali Sastrmijaya keur
> presentasi, teu bisa
> ngabandungan kalawan gemet da hese rek asup ka
> rohangan teh, geus pinuh,
> atuh ngan ukur nangtung di tukang bari rurat reret
> ningalian tempat lelang
> kalenderna.
> Katingali sareretan tatamu nu datang teh loba
> inohong, kayaning Pa Nano.S,
> Godi Suwarna, Ceu Aam Amilia, tangtuna pejabat
> pamarentahan ge aya.
> Kuring teu kaburu nulis-nulis acan dina buku tamu,
> da konsntrasi teh
> neangan kalenderna, untung we bisa ngadeukeutan
> tempatna, barang rek meuli
> teh cenah can waka dijual da ngadagoan rengse
> presentasi Pa Ali.
> Resep ngadengekeun gunem catur antara nu nanya
> jeung nu ngajawab, palebah
> aya nu nanya waktu mimiti poe Kala Sunda wayah
> kumaha, saperti taun masehi
> mah ganti poe teh mimitina tengah peuting, taun
> hijriah mah waktu subuh,
> kala sunda wayah kumaha..?, kuring ngadedempes
> ngadagoan jawabanana, ngan
> hanjakal nu ngajual kalender teh prung dimimitian,
> atuh nyamos teu kadenge
> jawaban Pa Ali, da kuring buru buru ngantri, sieun
> beakeun, lantaran ningali
> hunyudan kalender teh siga saeutik.
> Alhamdulillah meunang.
> Hargana salawe rebu, pangdeudeul lima rebu jumlah
> jamleh sakalender teh
> tilu puluh rebu rupia, kuring ngan ukur meuli lima,
> da teu mawa duit leuwih.
> Ari ningali dina brosur mah dicitak munggaran 1000
> expl, lamun payu, rek
> nyitak deui sapuluh rebu expl, tapi nu meuli harita
> nu kadenge teu nginjeum
> ceuli, sigana Ibu Tien Rostini ( Ibu Ageung ) rek
> meuli 100 exmpl, nu matak
> kuring nyedek sieun teu kabagean.
>
> Kalender teh citakanana alus, aya 14 lambar, 12
> lambar inti, jeung dua
> lambar bubuka.
> Bulan ka 1 disebut Kartika, ka 2 Margasira, ka 3
> Posya, ka 4 Maga, ka 5
> Palguna, ka 6 Setra, ka 7 Wesaka, ka 8 Yesta, ka 9
> Asada, ka 10 Srawana, ka
> 11 Badra, ka 12 Asuji.
>
> Minggu = Radite, Senen = Soma, Salasa = Anggara,
> Rebo= Buda, Kemis =
> Respati, Jumaah = Sukra, Saptu = Tumpek.
>
> sakitu heula...!
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
=====
__________________________________
Do you Yahoo!?
The all-new My Yahoo! - Get yours free!
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
--------------------------------------------------------------------~->
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
|