Ceuk cenah, antara sajarah, babad, dongeng, jeung
filsafat teh masih aya kakaitanana.
Contona filsafat Yunani, anu nepi ka kiwari jadi bahan
paguneman di paguron luhur.
Dua malem minggu anu kaliwat, televisi Indosiar
mintonkeun film "julius Caesar". Pan didinya aya
Pompey, aya Julia anakna Julius Caesar anu guguru
filsafat Yunani ka hiji budak beulian anu ngarana
(poho deui). Aya Senat, hiji lembaga luhur nagara, anu
niron tina  jaman Yunani.
Kuring oge waktu jaman mahasiswa, diajar Filsafat
Komunikasi. Guruna teh (alm)Prof. Dr. Haji Ali Afandi
Djajusman Tanudikusumah, SISIP, MA. Urang Tasik anu
anakna wadana (Manonjaya), anu masih aya teureuh
Cirebon.Sakolana ti ITB tapi teu nepi ka tamat, sabab
cenah, elmuna statis/ngeukeuyeuk barang-barang paeh,
teu jiga ilmu sosial, nya anjeuna teh pindah sakola
Fakultas Hukum dan Ilmu Pengetahuan Kemasyarakatan UI.

Ceuk Guru kuring teh, elmu filsafat Yunani anu pinuh
ku dongeng-dongeng (anu teu rasional tea) diajarkeun
di paguron luhur, kusabab aya hal-hal anu sifatna
universal, jeung geus kabuktian yen filsafat Yunani
teh aya pangaruhna kana elmu pengaweruh jaman kiwari.
Kumaha sajarahna, kang Herdis tiasa ngajentrekeun.
Contona, carita Jocasta anu dikawin ku anakna sorangan
(inses), carita ieu teh aya silokana.

Tapi Guru kuring oge, sok mere conto carita-carita ti
Nusantara, terus si mahasiswana teh sina nerangkeun
siloka carita eta. Dina kaitan ieu, Sigana Jakob
Soemardjo, budayawan jawa anu cicing di Bandung, rek
nerangkeun/nafsirkeun Tri Tangtu dikaitkeun kana tilu
tempat Urang Kanekes. Naha cocok atawa heunteu atawa
ditarima atawa heunteu ku hiji komunitas, gumantung
kana tafsiran masing-masing. Tafsiran Jakob Soemardjo
sigana wae teu pati cocok jeung tafsiran kalolobaanana
urang Sunda. Dina hal ieu, sigana Filsafat Yunani mah
teu pati loba anu teu satuju.
Dina hal ieu sigana pentingna "berfilsafat" teh.

Punten upami rada ngacapruk, nyampur adukkeun masalah,
asa kaganggu sababaraha eusi postingan Kusnet
anyar-anyar ieu. Anu utamana mah hayang diajar
ngaluarkeun pamikiran dina basa sunda anu merenah.


baktos,


mrachmatrawyani
 

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kapanggih dina wawacan atawa carita sasakala, nu
> meureun bener
> henteuna eta carita perlu deui
> diverifikasi/dibuktikeun. Mun teu bisa
> kabuktikeun, jigana teu salah mun Garut disebut
> Nagri Dongeng... hehe
> 
> On Wed, 19 Jan 2005 04:33:48 +0000 (GMT), Yayan
> Mulyana
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >  
> > Sajarah sok pabeulit ku Lagenda, Babad , sareng
> Mitos. 
> > Mun urang naratas kasajarah sunda, kunaon sok
> pabeulit jeung legenda,babad,
> > atawa mitos. Hal ieu teh kusabab seur panafsiran
> sajarah sareng kirang na
> > manuscript-manuscript kasajarahan nu utamina mah
> tatar Sunda. 


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone. 
http://mobile.yahoo.com/maildemo 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke