Kanggo Kang Dahri
 
Si kuring mah kabener kabagean jaga tapel wates belah kidul di wewengkon banyumas tepatna mah di purwokerto, Kang.
Geuningan Kang Dahri teh asalna ti Salem? kuloneun Bumiayu tea, Kang? urang Bumiayu mah gareulis nya? contona ge erna libi tea geuning, asana teh urang dinya.
 
Perkara batutulis, bener bejana mah Kang! ceuk beja-na deui eta batu tulis teh can kajamah ku ahli sajarah, teuing kasingsalkeun teuing ngahaja disumputkeun. Lamun ngulampreng kabelah dieu mah bejaan wae kuring, sugan kaparengan teu aya halangan urang jugjug eta titigal karuhun teh.
 
Keun bae teu diaku sunda atawa jawa ge asal hirup tur mulya! amiin.....
 
Kanggo Dede Sah
Iraha nyaba ka Dieng Kang? naha teu nyimpang ka saung uing? cik engke mah lamun nyaba kabelah dieu ngabejaan uing, nya! engke urang disuguhan anu eweuh ditatar sundalah. Bener lamun ti Dieng turun ka belah kidul mah bras-na ka Kalibening, Wanayasa atawa Batur, terus ka Sigaluh atawa Banjarmangu, Banjarngera tangtuna ka tatar sunda ngaliwat jalur selatan, Klampok, Banyumas, (Buntu, Wangon, Majenang, Banjarpatroman, Ciamis) atawa Sukaraja, Purwokerto, Ajibarang, Bumiayu, Prupuk, Pajagan/Tanjung, Losari, Cirebon.
 
Wassalam,
dudi_ss
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 18, 2005 4:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] => sunda teu diangkeun - jawa ora diaku

Deudeuh teuing! he..he...
Abdi pernah ka Dataran Luhur Dieng teras mulihna heunteu ka Jalur utama brasna teh ka hiji tempat anu namina Kalibening. Abdi helok sabab sapanjang jalan nami tempat teh teu bireuk sareng Jawa Barat. Naha aya Sukapura di Banyumas?
Ah abdi nyimpulkeun yen daerah ieu teh seueur pangaruhna ti urang.
Lumayan sae alamna kadinya, oge moal asa di lembur batur.
De'Sah

Dahri Iskandar Dahri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturnuhun Kang Dudi
asa bingah pisan diawartosan perkawis sajarah kasundaan di belah wetan. Ari Kang Dudi di tapel wates mana ? abdi oge asli mah ti Salem, kaleureusan ayeuna nuju di tanjung priok. 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke