Paradok-paradok tur sejarah filsafat filsafat
Akur dulur!!! Filsafat memang teu masihan stempel
pikeun jadi jelema hade asa, hade rupa, hade
pamadegan. Tapi justru secara metodologi filsafat
ngajak urang bisa menentukan sikap tur pamadegan anu
rasional. Sapertos kasus IAIN Bandung, jelas menurut
pribados mah kaluar tina filsafat. Kebebasan filsafat
teu dugi ka ngangganggu eksistensi orang lain. Hitler
justru orang anu paham filsafat, tapi malah manehna
ngagunakeun dalil-dalil tur logika filsafat kanggo
ngabangun kasombongan ras aria. Marx justru lebih
religius tibatan kaum agamanwan sekalipun (menurut
hemat pribados eta oge), kumargi tujuan utam Marx
kanggo ngelengitkeun dominasi kakejeman kaum majikan
(cing dulur-dulur pami aya waktos geura emutan naha
padameulan urang teh teu lepas tina hubungan
buruh-majikan). Menurut Marx majikan salamana bakal
nindeus buruh. Mereun buruh bungah we aya padameulan,
tapi sabenerna buruh di eksploitasi kanggo penambahan
modal majikan. Sedengkeun kaum agamawan ngan ngabudah
wungkul khutbah di tempat-tempat keagamaan. Kaum
agamawan justru memperkosa agama jeung kepentingan
pribadina. Tapi bukan berarti agama kedah di tolak
saperti lagu anu secara eksplisit di lagukeun ku Jhon
Lennon, nu mendasar saleresa kumaha formulasi anu
tepat memahami agama.
Menurut hemat pribados formulasi eta panginteun salah
sahijina numutkeun pamadegan kana hati nurani tur
aturan eksplisit maupun insplisit tina ajaran-ajaran
agama. Jelas agama ngaharamkeun judi, zinah, tur
kamaksiatan lainna (termasuk suap menyuap) ditambih ku
ancaman hukuman anu sakitu beratna (naraka), tapi naha
kajahatan berkurang, zinah leungit, eh nu aya malah
makin terbuka tur nyengserikeun aturan-aturan formal
salama ieu.
Panginteun pribados jalmi anu sepi pangarti tur masih
keneh dasar memahami filsafat, tapi numutkeun Ibn Sina
justru ku mempelajari filsafat, keyakinan agama urang
semakin kuat, rasional, sareng nu paling penting teu
munafik ningali realitas�
Memang menurut pribados sejarah filsafat Yunani lahir
tina mitologi-mitologi. Menurut carita ieu alam dunia
justru ngadeg dina tongggong hiji dewa, tapi para
filosof ti Miletos (sapertos Thales, Anaximenes,
Anaximandros) mulai mempertanyakeun naha bener alam
teh di panggul ku dewa?. Janteun masing lucu
pendapatna (thales malah nyarios alam semesta asalna
tina cai, ngapun di lautan. Anaximenes malah nyarios
alam semesta asalna ti na tak terbatas /to apeiron)
memang kadang kanggo urang modern mah lucu alasana,
tapi sadaya dasar pemikiran para filosof Yunani di
awali ku kaheranan tur ka teu percayaan kana mitos anu
harita dianggap otoritas final. Emut oge sejarah
filsafat Yunani lahir 6 SM au hartosa 11 abad
sateuacan Nabi Muhammad lahir. Janteun tiasa di
bayangkeun kumaha rasio bertempur ngalawan mitos
Cag heula ah�
baktos
Herdis
Nb: Kumaha pami subjek diskusi ieu nganggo kata
filsafat, supados ngabentenkeun sareng subjek-subjek
obrolan anu sanes?, haputen oge bilih misalna bahasa
sunda pribados teu mernah sareng bahasa sunda anu
ilahar.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/