|
Perkawis perKujangan
ieu – kamari abdi maca di
republika yen di bandung, upami teu lepat mah
di hegarmanah kitu (?), aya anu
sok ngadamelan pakarang diantawisna kujang, mandau, badik, rencong, jrrrrrrrdddd…tos kenging sertifikat ti Airborne waktos ontohod2 eta latihan di
cimahi, mung leres rada awis
hargina, da meureun kualitetna sae… Cobi geura anu
linggih di hergamanah, upami aya waktos mah
disuhunkeun rido na maluruh
eta pabrik peso, Pisau -----Original Message----- Ari nyebat KUJANG teh kuring mah sok asa ras, kana
pangalaman katukang. Aya 4 taunna kuring teh gawe di lembur Bojongmanik,
hiji kacamatan anu ngan sababaraha kilometer ti baduy jero alias kanekes
tea. Atuh geus lain aneh deui, sagulung sagalang jeung urang baduy mah.
Da maranehna sok remen datang ka Bojongmanik, ngadon moro lalay di
sakola-sakola SD atawa SMP. Ku sabab mindeng papanggih jeung maranehna, nya
akhirna jadi wanoh ka si Asnar. Cenah ceuk babaturanana manehna teh anak jaro
atawa puun di Cikeusikna teh. Kuring hiji waktu ngawanikeun maneh, mesen KUJANG
kamanehna. Nya manehna nyaluyuan paling lila tilu poe cenah bakal balik deui ka
bojong manik bari mawa pesenan kujang kuring. Kuring geus kumerot, hayang geura isuk. Da geus teu
sabar hayang boga KUJANG anu tegesna kuring teh ka obsesi hayang boga ti
baheula. Dina poe anu geus dijangjikeun si Asnar, enya we
datang deui. Srog manehna nyampeurkeun ka kurin anu keur ngajar di kelas. Najan
Baduy oge, si Asnar mah sok salam, ngan kukuring mah tara di jawab da cenah
Islamna manehna mah Islam wiwitan. Sahadatna oge beda jeung urang.
Sanggeus ngobrol sakeudeung, song manehna ngasongkeun barang pesenan kuring.
"Ieu KUJANG pesenan bapak tea!" Gebeg, kuring ngagebeg kacida....olohok ngembang kadu! Teu rek kitu kumaha, anu diasongkeun kumanehna jauh
beda jeun bayangan kujang anu dilamunkeun beurang jeung peuting. Sabab anu diasongkeun kumanehna teh lain, kujangna
KUJANG siga dina gambar anu kamari. Tapi, manehna ngasongkeun pakakas paranti
ngarit!!!! Bleg we eta mah ARIT ! Tapi kuring teu wani nolak, da karunya ka manehna anu
geus jauh2 leumpang ti lemburna ngadon rek nganteurkeun anu ceuk manehna KUJANG
tea padahal ceuk kuring mah ARIT! Tah, kitu Kang punten upami aya KUJANG anu saleresna
KUJANG sim kuring bade mesen ! Omat nya kang, deny
Do you Yahoo!? Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Kujang ti Baduy R. Duli Dimyati D.
- Re: [Urang Sunda] Kujang ti Baduy Simkuring, roisz
- RE: [Urang Sunda] Kujang ti Baduy R. Duli Dimyati D.

