Waalaikum salam Wr. Wb.
Sami-sami Kang Yudi oge dulur sadaya sim kuring oge ngahaturkeun wilujeng boboran haji.
 
US tos kawentar ka missionaris? Ah eta mah tos tikapungkur Kang....panginten sajaman jeung misi gending/kristenisasi alam dunya ku urang eropa utamanan spanyol, portugis jste. Atuh abad 20 mah kristenisasi US teh digederkeun ku misionaris ti Jateng (daerah Wonosobo?). Tahun 70an mah gencar pisan daratang ka imah-imah mere leaflet, buletin jste. Nepi aya gareja Pasundan nu pastur & misionarisna lolobana urang jawa &/ China, da batak mah marisah nyieun HKBP. Tahun 80an metodena teh mun teu salah mah "ngaruksak wanoja US". Harita asa gencar jeung loba korban wanoja nu di"persekot"an, nu tujuanana ngaruksak mental wanoja US jeung turunan sunda kahareupna (matak kuring mah sok hariwang ka TKW). Mun dikawin teh biasana sina pindah ka nasoro atawa mun teu daek sok di cul leos keun jadi kulawarga nu amburadul.
 
Tahun 90an resmi US & Urang minang nu jadi sasaran kristenisasi. Puseurna aya di Pasadena LA, USA, aktifisna seuseueurna urang manado sareng batak. Jadi mun heubeul nyieun gareja pasundan nu motorna urang jawa, jaman internet mah nyieun sunda.org atawa nu sajenisna nya motorna sigana mah bule-bule (Para jawara TI cik pang ngecekkeun dimana eta sunda.org teh dumukna).
 
Kumaha kahareup?  Cenah mah ti baheula ge US mah ngagemna batara tunggal (kaesaan ka nu maha agung), matak saluyu jeung islam. Ceuk teori mah US nyukcrukna dina kaesaan, asa moal lumpat ka trinitas. Tapi cenah mah kristenisasi US mah dimimitian supaya islamna islam KTP, dibawa ka sekuler, ke mun geus limpeu kakara digorogotan jeung dibaretotan supaya pindah jaradi karesten.
 
Ayeuna geus dimana proses kristenisasi US? Duka atuh persisna mah ngan sababaraha poe katukang geuning kuring ditawaran  buku keur barudak dina beus kota. Poho  judulna nu persis, mun teu salah judulna "Carita-carita toladan nu dicutat tina alkitab". Brosurna alus kawas buku seri flora fauna, bumi, sasatoan. Hanjakal brosurna teu meunang dipenta. Duka kunaon.
 
salam
Jalak Pakuan
 


yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaykum wrwb,
 
Ngahaturkeun Wilujeng Iedul Adha 1405 Hijriah.
Kaduana sihoreng seler Sunda teh geuningan tos kawentar di kalangan missionaris nya? Eta we meni aya kaca khusus kanggo urang Sunda di http://www.sunda.org.
Punten ah bilih tos aruninga mah. Sunda = Islam sanes?
 
mangga ah
Wassalamu'alaykum wrwb


--------
Yudi, engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari berarti hilanglah sebagian darimu [Hasan al Bashri]


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links


Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke