Haturan Kang Dede,
Tah geuningan... henteu lepat perkiraan sim kuring,
Sumuhun Kang Endang eta tangtosna oge, Burhanudin teh nami ramana, Bapa H. Sokin Burhanudin.  Salam baktos ti sim kuring ...kanggo anjeunna, sebatkeun we ti putrana pak Oo Abdurohim.
Di Seoul.. ayeuna masih usum ngahodhod.  Dua minggon kapengker, diajak jalan-jalan ku profesor ka palih kaler, nguseup luhuran walungan anu caina janten es.  Tapi.. nguseupna mah henteu kekengingan.... tapi gaduh kenangan sakedik.. sim kuring sempet diwawancara ku televisi Korea. 
 
Wassalamu'alaikum wr wb.
Ahmad Junaedi


free man <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hatur nuhun kang Ahmad Junaedi...

Usum naon di Seoul? Sok ningali Seoul teh, ukur dina sinetron-sinetron
Korea nu romantis tea geuning, hehehe....

Saleresna mah, ayana grup kasenian Sunda para mahasiswa Jawa Barat di
Mesir, berkat alpukahna Bapa Endang Rustiawan Burhanudin. Anjeuna
ngawulang di Sekolah Indonesia Kairo (SIK), kawit taun 2001.

Sisca Nurcahya, nu ku sim kuring disebat "sinden muda berbakat" dina
tulisan di handap, nyaeta puteri cikal Bapa Endang.

sakitu heula ah...hatur nuhun
dpr

--- In [email protected], Ahmad Junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Dede sareng kum ka wargi US di Mesir,  wilujeng tepang
> Abdi Ahmad junaedi, kawit ti Bogor (kawitna pisan ti Surade,
Sukabumi).  Ayeuna nuju kapapancenan neraskeun nyukcruk elmu di Seoul,
Korea.
> Manawi uninga...
> Upami henteu lepat, sim kuring gaduh kenalan sa lembur, ti Surade
Sukabumi (anjeunna kawit ti Panyindangan, sim kuring ti Sukarata). 
Namina kang Endang, anjeuna nyepeng damel ngawulang di sakola
Indonesia.  Maos seratan perkawis gelaran upacara adat sunda.. sim
kuring janten emut ka anjeunna.  Anjeunna resepeun pisan sareng gaduh
kaahlian dina widang seni sunda, aya teureuh ti ramana. 
> Benten yuswa sim kuring sareng anjeunna mungkin rada tebih, kumargi
kitu mungkin anjeuna henteu uningaeun ka pribados.  Namung, sareng
rayi anjeunna (namina kang Adi) mah rada  layeut.  Tapi upami ka pun
bapa mah, tangtos anjeunna uningaeun (nami pun bapa Oo Abdurohim,
linggih di Sukarata).

> Salam baktos,
> Ahmad Junaedi
>
>
> free man <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke