Kang Dur, saleresna mah logikana sederhana kunaon kuring teu percaya kana
soal bom ieu teh. Upama bom, lauk nu aya di lautan Hindia sabagaian gede
bakal paeh, sabab ieu bom tanagana gedena luar biasa, ku bom sagede curuk
wae, loba lauk langsung ngararambang, komo deui ieu bom nuklir, tiasa tiasa
..... aya jenis lauk anu tumpes. Aya oge wartos soal nalayan Meulaboh nu
keur di tengah laut, saralamet, da ampir teu ngarasa nanaon, ngan waktu
balik ka daratan, imah jeung kulawargana geus euweuh ,beak disered tsunami.
Kunaon bisa kitu? sababna laut ukur naek permukaanana (pasang), nu teu pati
karasa ku parahu atawa kapal nu aya di tengah laut, tapi jadi mamala kanu
aya di basisir, kusabab permukaan laut ngaleuwihan luhurna daratan.

Bom Nuklir salain tanaga bituna nu luar biasa, aya oge efek lainna nyaeta
radiasi radioaktif. Upami lini di Aceh akibat bom hidrogen (nuklir)
panginten radiasina kamana-mana, kacandak ku arus laut. Kapal-kapal perang
Amerika moal daek ngaliwat atawa buang jangkar di dareah sabudeureun
kajadian lini, sabab sarua we jeung "bunuh diri" asup kana daerah radiasi
nuklir. Nu disebat radiasi nuklir umurna tiasa dugi ka puluhan taun, malah
tiasa dugi ka rewuan taun. Tah ayeuna mah tingali we aya henteu urang Aceh
nu keuna ku radiasi Nuklir kalebet para relawan, da nyaeta ari radiasi mah
moal beak dina waktu nu sakeudeung.

Tapi kuring ieu teh nyanyahoanan, da di Kusnet teh aya kang Asep Juarna, nu
S1na soal Fisika Radiasi sanajan ayeuna mah anjeunna dina ilmu komputer.
Jigana kang Asep masih aremut keneh soal Radiasi Radioaktif, mangga geura
diteraskeun soal bom nuklir ieu.....hehehehe


Baktos,
WALUYA



----- Original Message -----
From: maman durahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, January 24, 2005 10:59 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Teori Konspirasi Dunia - The Power of
Nightmares


>
> Akang teh yakin teu aya lauk nu paeh jeung teu aya radiasi radio
> aktif? Informasina di website mana kang? Kuring hoyong maca langsung
> tina sumberna?
>
> Tapi bisa bae aya loba lauk nu paeh jeuang aya radioaktif  sejena tapi
> kulantaran geus konspirasi tea berita paehna lauk jeung nyebarna gas
> radio aktif henteu diasupkeun ka barita CNN atawa AFP .....
>
> DUrachman
>
>
>
> On Mon, 24 Jan 2005 07:59:18 -0000, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> >
> >
> > Upami bom nuklir, tangtosna oge aya radiasi radioaktif. Tah ayeuna
> > mah tingali we aya henteu radiasi di tempat episenterna lini? Nu
> > kaduana upama wae eta teh bom sanes lini, bakal seueur lauk anu paeh,
> > tapi geuning teu aya wartos soal lauk nu pararaeh.
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> > --- In [email protected], rony krisnadhi
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > terus terang ari kuring mah kirang satuju lamun ieu kajadian tsunami
> > > aya pakuat pakait jeung konspirasi sagala rupa. NYa mangga wae ari
> > WTC
> > > jeung nu laina mah memang aya asup diakal.
> > > Mung tingali ayeuna, dina hiji gempa sok aya gempa susulan nu nepi
> > ka
> > > kiwari terus aya di daerah Aceh terus siga efek domino ka daerah
> > kidul
> > > di samudera Hindia, da prinsip energi tea neang kastabilan. dina
> > hiji
> > > mangsa ieu gempa bakalan eureun pami tos dugi kana kstbilan tea.
> > > Lamun enya tea ieu teori konspirasi ku bom hidogen, moal enya aya
> > > gempa2 susulan atawa memang di bom terus2an?
> > > Enya kitu? duka atuh si kuring ge teu apal he he he...
> > > tos aah bade ngopi deui....
> > >
> > >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> --
> Nuhunkeun pielingna bilih aya kalalepatan
> (CMIIW=correct me if i'm wrong)
>
> Wasalam,
> Durahman
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke