|
kataji pisan kana anu dipedar ku Kang
Oman, mung aya nu teu patos katoong dina perkawis teknologi-na tea, sapertos
kumaha sareng peryogi biaya kinten-kintenna sabaraha. dina pamendak sim kuring,
upami teknologi kaetang mirah, sugan jeung sugan tiasa rereongan, teras hasil
produksi-na anu mangrupa gemuk tea tiasa kanggo ngarojong PERCEKA.
Pami emut kana pengolahan sampah, emut
kana budidaya cacing anu kapungkur parantos rame. harita, sampah di pasar induk
caringin, hususna sampah organik sapertos sayuran nu buruk, mun teu lepat kantos
kaserap dugi 40 persen, hartosna tos ngirangan beban ka TPA. mung geuningan teu
lana, da pangaos cacing harita dugi ka teu aya hargaan.
Di Jepang, masyarakat tos biasa
misah-misahkeun sampah, unggal propinsi gaduh kawijakan sewang-sewangan. di
propinsi gifu upamana, sampah teh dibagi dina tilu kategori kalayan rutin
dipiceun dina saminggu 2 kali: sampah nu tiasa dibakar (combustable)
sapertos sesa sayuran, botol plastik (pet bottle, sapertos botol aqua)
sareng kaleng (sapertos minuman kaleng). salian ti eta aya nu dipiceunna unggal
sasih, sapertos botol beling, kardus, kertas, batu batre jsb. ku kaayaan kieu,
tangtos wae pengolahanna kanggo naon wae langkung gampil, margi aya nu tiasa
didaur ulang deui, sapertos kaleng sareng botol beling.
baktos,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 25, 2005
11:13 AM
Subject: Grammor vs
Runtah-->Re: [Urang Sunda] Link Berita - Kompas Cyber Media
Kang Asep, punten yeuh si kuring ngawangsulan deui
informasi kapungkur, kl sataun kalangkung parantos diposting, ngeunaan
ngamanfaatkeun runtah kanggo gemuk. Hapunten deui, bilih posting di
handap ieu rada kapapanjangan.
Salaresna sanes teu aya anu tiasa
maparinan bongbolongan ka rengrengan Pamarentah (Jabar, khususna, malah ka
tingkat Nasional oge parantos). Eta mah, pamarentahna bae teu acan kataji
sareng teu (acan) aya niat migunakeun teknologi anu ramah lingkungan tur
kalintang efektifna ngadaur-ulang runtah janten gemuk anu kacida
manfaatna, nganggo prinsip "innnaalilaahi wa innaa ilaihi rooji'uun",
anu asal ti alam kudu balik deui ka alam kalawan dina prosesna maparinan
hasil ("waste" product dirobah saoptimalna janten produk anu
manfaat).
Anu disebat nembe teh tos aya teknologina, malihan conto
produkna oge aya anu disebut gemuk GRAMMOR (granular macro-micro organic).
ieu GRAMMOR teh ciptaan sepuh urang anu di Panaruban tea (lulusan
Fak.Pertanian UNPAD angkatan kahiji). Ieu gagasan + teknologi teh
kantos diangken ku Bapedalda (Badan Pengendalian Lingkungan Hirup
Daerah) Jabar, malih mah saparantos presentasi di payuneun rengrengan
Bapedalda, ieu GRAMMOR kapilih salaku salah sahiji wakil Jabar di Pameran
Lingkungan Hirup Sadunya di Nusa Dua, Bali, tahun 2002. Parantos
presentasi oge di payuneun Dinas Kebersihan Jabar.
Proposal Grammor
parantos katampi ku kantor LH pusat oge Bapedalda Jabar, oge Gubernur
Jabar. Proposal anu kanggo Gubernur Jabar mah malih si kuring nyaksian
sorangan, teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata. Harita teh si kuring
diajakan ku Kang CA + Abah Surya ti sundanet kanggo nepangan gubernur anu
harita nembe diistrenan (dilantik). Nya dina eta kasempetan sakantenan
dipaparinkeun proposal ngarojantkeun pertanian kalawan ngamanfaatkeun
runtah jadi gemuk NPK Super GRAMMOR tea anu disebat di luhur.
Dina
proposal GRAMMOR, sabaraha bae seueurna produksi sampah tiasa kaserep,
janten gemuk NPK anu kadar N, P, K kaukur cukup sakumaha anu dibutuhkeun
ku pepelakan, plus organik, zat mikro sareng hormon. Perhetangan
kauntungan boh keur patani, pamarentah, lingkungan, jeung pengusaha oge
tos aya di dinya. Ageung kacida kauntungan keur patani, sabab Grammor
tiasa ningkatkeun tatanen dugi ka 100% langkung, nagara tiasa ngahemat
devisa ageung kacida tina "penghematan" impor N, P sareng K, atuh
lingkungan (biaya karuksakan karana sampah) tiasa dihemat ageung kacida
(problem lahan, jrrd, tiasa direngsekeun). Atuh pasoalan "pemulung" oge
teu dikantunkeun, da diwadahan dina proses misahkeun runtah tahap
awal.
Kantun "political will" pamarentah bae Kang. Pamarentah anu
mindeng teu engeuh kana pasoalan anu jadi bangbaluh balarea. Matak
sakapeung sok teu kaharti. Na naon atuh ari program pamarentah anu
sajatina? kamarana para ahli lingkungan, ekonomi, efesiensi, efektivitas,
jrrd deui di pamarentahan? Naha sadayana pangaweruh anu wijaksana teh
tikerelep dina lautan politik, kapentingan golongan, kaduniawiaan,
jsb? Wallohu'alam.
Mangga, GRAMMOR produk US ieu tiasa dijadikeun
sarana keur ngawalatrakeun ekonomi rakyat, mulasara lingkungan, jeung
ngaronjatkeun ekonomi nagara. Kapayun upama dikokolakeun kalawan
daria, tiasa oge ngamabah dunya, Insya Alloh.
Ti payun tos
sababaraha kali si kuring posting di ieu milist ngeunaan ieu jejer. Teu
nanaon teu pati aya anu ngarojong oge, jalaran si kuring mah yakin, salah
sahiji cara kanggo ngaronjatkeun tataneun, lingkungan, perekonomian rakyat
loba jeung nagara, teu aya deui nya kudu ku "terobosan" samodel teknologi
GRAMMOR. Tah upami bade ngaorojong, hayu atuh urang deudeul, sakampuna,
sabisana sewangan-sewangan. Ngan anu sok diandel mah pangrojong teh
upama diusahakeun kalawan ngaliwatan organisasi. Kusnet/YP atawa
organisasi kasundaan sejenna potensial pisan keur ngadeudeul
usaha- usaha samodel kitu. Upama arek jeung aya minat, kitu
oge.
Baktosna, manAR
---
In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >
Heran sim kuring mah... Ti payun Jakarta anu bingung > ku runtah teh,
ayeuna Bandung... Naha teu aya anu > tiasa masihan bongbolongan kitu?
Kumaha tah, aya > wartos ti LIPI atanapi ti paguron luhur? Di Jepang
mah > saurna mah runtah teh diteuaskeun, teras dijantenkeun > bata
kanggo wangunan atanapi kanggo ngadamel jalan. > Kumaha, aya wartos ti
Jepang? > > AJ > > --- [EMAIL PROTECTED]
wrote: > > > --------------------------------- >
> [EMAIL PROTECTED] mengirimkan bagi Anda sebuah > link berita
dari KOMPAS Cyber Media > yang berjudul : > >
Waspada, Bandung Bisa Jadi Lautan Sampah > > Dari jumlah sampah
Bandung yang mencapai 3.677.377 > meter kubik, Dinas Kebersihan kota
Bandung hanya mampu > mengangkut 82 persennya saja. Sisanya? >
> dengan pesan : > > " punten ah,nu di Bandung ati2 :)
" > Copyright@ 2002 KOMPAS Cyber Media, All
right > reserved privacy policy. > > Komunitas Urang Sunda
--> http://www.Urang-Sunda.or.id >
> > > > --------------------------------- >
Yahoo! Groups Links > > To visit your group on
the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ >
> To unsubscribe from this group, send an email
to: > [EMAIL PROTECTED] >
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the
Yahoo! > Terms of Service. > > > > >
>
__________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo!
Mail - now with 250MB free storage. Learn more. > http://info.mail.yahoo.com/mail_250
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|