Muhun kalah caket ka bandungna nya tibatan ka sumedangna mah. Ayeuna nuju linggih dimana teh ipup teh? di batam sanes? punten upami lepat.
Abdi mah masih keneh kirang terang ka MH teh....langki panginten nya nongol ka Bakus atanapi ka warungna. Dupi nami IDna teh anu mana?

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Abdi mah di Jatinangor, ari kalebetna Jatinangor teh Sumedang, tapi
geuning ka Sumedangnamah tebih, kalah langkung caket ka Bandung..
Matak mun aya nu naros nganjrek di mana, nyebatkeunana di Jatinangor,
da Jatinangor mah samodel nagara Indonesia da aya urang sa-Indonesia
tuh di STPDN, oge nu karuliah di 3 universitas: Unpad, Ikopin, Unwim..
seueur nu urang mamana..

MH teh Urang Sunda nu ayeuna linggih di Malaysia, mung ayeuna nuju aya
di Bandung saurna ti dinten Jumaah didieuna.. Saptu Minggu kamari
siganamah di Garut..

Ua Sas mah linggihna di Margawangi ti Samsat ka lebet...

~ipuP~


--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng siang teh ipup....
> Muhun abdi mah di bandung. Dupi teh ipup dimana nya? Teh punteh ah
dupi MH teh saha nya?? Punten we abdi teu acan terang yeuh.
> Oh Ua Sas ge sami nya di bandung...tuh pan abdi ge nembe terang.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke