Assalamu alaikum wr.wb.
Punten sateuacana ka sadaya wargi bilih basa nu dianggo kirang cocog sareng anu sakedahna margi tos lami pisan teu nyerat dina basa sunda
Nami Abdi Didin Mujahidin. Ti saprak lulus SMP tos uluk kutek sareng Kimia, janten upami aya diantawis warga sadaya lulusan Sakola Analis Bandung atanapi Jurusan Kimia ITB panginten tiasa sakantenan adu catur ngawangwang pangalaman kapungkur waktos masih sakola taun ahir 80-an sareng taun 90-an. Sim kuring tos lami janten kontraktor, kantos ngontrak lami di Tamansari, dua taun di Tubagus Ismail Bandung, kantos oge sataun di Cibeber Cimahi, danget ieu kaleresan nuju ngontrak di Heidelberg.
Sakitu heula, insya Alloh di sambung waktos sanes
 
Wassalam, Didin


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke