Kang Jaka dina Kompas oge dibejakeun kumaha sabagian masyarakat di Aceh neangan kauntungan ku lobana relawan asing. Sewa mobil sapoe bisa lima ratus rewu sapoena malah aya nu leuwih. Kitu deui barang- barang lain hargana jaradi marahal. Nepi ka aya komandan Tantara Jerman nyarios kira-kira kieu: "harga endog nepi ka opat kali lipat, keur kuring sabatur-batur, teu nanaon, tapi naekeun harga dina kasusahan jiga kieu naha etis henteu?". Omongan si tantara jerman ieu, ceuk Kompas, matak beureum ceuli wartawan-wartawan Indonesia.
Hanjakal memang lamun bangsa urang boga kalakuan kitu, ditulungan, malah jadi "nyekek" kanu nulungan. "image" bangsa Indonesia di urang luar bakal beuki goreng, ditambahan deuih ku sikep sabagian bangsa urang nu keuna ku panyakit xenophobia, curiga kabina-bina ka urang asing, utamina mah ka tantarana, nepi ka poho urang teh kuduna mah nganuhunkeun ka nu nulungan, lain boga pikiran, meureun we nulungan kulantaran aya pamrih. Baktos, WALUYA --- In [email protected], joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten tumaros ka anu nembe mulih ti Aceh, perkawis > wartos nu kirang sae anu katampi ti rerencangan > simkuring kieu : > Wargi rerencangan sim kuring saurna gaduh/didamel di > pausahaan pangeboran minyak, ngirim sukarelawan 8 > urang ka Aceh kanggo ngabantu ngebor "air bersih". > Waktu bade ngebor teh saurna si sukarelawan menta > tulung ka asli urang Acehna, supaya milu mantuan > ngagotong peralatan anu bisa digotong, tapi > maranehanna teu daraekeun. Waktu menta cai rek nginum, > cenah teu mere, beunang nginum tapi kudu mayar Rp15 > rebu sagelasna pikeun cai kopi, Rp10 rebu cai herang. > Ahirna eta sukarelawan teh teu sanggupeun jeung > ditarik deui katut peralatannana. Terus terang, kuring > masih cangcaya kana wartos ieu teh, asa piraku jalma > nu rek ditulungan kitu kalakuannana. Tapi beja lianna > nu hampir sami aya oge. Cing kumaha pangalaman wargi > Kang Jamal nu nembe mulih ti Aceh, sami kitu atanapi > eta beja teh bohong. > Nuhun. > > Jaka > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

