|
Kang, atuh eta mah kaalaman oge ku
babaturan sayah rustam, lengkepna mah rustamaji. pas deuk sakola di
manchester, pas daftar eta ge ditolak ku komputer sabab teu boga family name
tea. Kusabab dipertanyakan naha inyana teu boga family name atuh ngadadak nyieun ngaran --untung teu kudu ngabubur beureum
bubur bodas da teu usum di ditu mah--, rustamaji daji family name, ari first
name jadi tras. Jadi na komputer teh ngaranna Tras Rustamaji.
Ari rustam lain urang sunda teu apal kana basa
sunda. Hiji waktu naek angkot ledeng kalapa deuk ka ledengkeun... ari deuk gek
diuk.. ceuk supir teh kieu "teras.. kalebet ...teras...." atuh si mas rustam teh
nu tadina rek diuk deukeut panto (posisi favorit penumpang angkot) jadi seseleke
ka bagian tukang. mangkaning manehna teh rada bayuhyuh, geus gek na korsi,
ngaharewos kieu "supir angkot itu tau nama gua ya.....". padahal maksudna
terus... lain tras ngaran manehna nu jijieunan tea..
MDY
|
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariung...(... md friday
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariun... asep juarna
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan nga... Ineu Miasasra
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariun... Ineu Miasasra
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan nga... Dahri Iskandar Dahri
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan... Ineu Miasasra
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiri... Dahri Iskandar Dahri
- Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...... Ineu Miasasra
- RE: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariun... Nia Sri Winiarsih

