Chinook I
Awal januari, aya dosen UI urang Aceh Asli, ngalongok
ka Aceh sabada bencana tsunami. Daerah-daerah anu
keuna bencana diubek-ubek. atuh manehna mah apal pisan
daerah Aceh, da sok mindeng pulang anting Jakarta
Aceh. Jeung deuih manehna teh salah saurang putra Aceh
anu nyongcolang di UI mah.
Hiji mangsa tas ningali daerah di luar Aceh, manehna
rek balik deui ka Aceh. Pas kabeneran aya pesawat
Chinook anu rek miang. Atuh Gura-giru muru pasawat
(chinook Amerika) eta. Untung supir pesawat teh
bageur, nungguan manehna. Di jero pesawat geus pinuh,
padedet pisan ku para panumpang. "Alhamdulillah masih
bisa naek" gerentes hatena teh, sabab can tangtu aya
pesawat deui anu rek ka Aceh.
Di satengahing jalan, manehna ngarasa aya nu aneh,
tapi teu wani dikedalkeun, da teu karenal jeung
panumpang sejenna.
Enya wae, barang pesawat eureun teh, manehna ngagebeg,
geuningan pesawat teh eureunna di Medan lain di Aceh.
Chinook II
aya beja ti paranormal urang Medan, satiap pesawat anu
tas ti Aceh teh, salian pinuh ku para panumpang di
jero pesawat, geuningan di luar pesawat oge, mani
pinuh pisan ku "jalma" anu narangkod dina buntutna.
Waktu ditanya ku para normal teh, maranehanana ngaku
roh jalma urang Aceh anu kasarad (gentayangan).
Ngakuna mah ka Medan teh rek nepungan dulur-dulurna
anu salamet ngungsi ka Medan.
Ditanya kunaon teu asup ka pesawat. Ari pokna teh
ceunah "haram hukumna naek pesawat jalma kapir".
Chinook III
Tengah peuting di daerah anu keuna bencana tsunami,
aya pesawat anu turun, tara-tara ti sasari. Para
penduduk anu salamet tina bencana tsunami anu rek
ngungsi ka Medan, asa mobok manggih gorowong. Soalna
ti tadi isuk nungguan pesawat, teu datang-datang. atuh
teu kungsi lila, eta pesawat teh geus pinuh ku
panumpang.
Peung wae pesawat teh ngapung, ngadingdius, nembus
hideungna peuting. Barang pesawat eureun teh para
panumpang kaget pisan, geuning supir pesawatna teu aya
beungeutan jeung lapangan terbangna teh tanah kuburan.
Catetan:
Chinook I mah kajadian bener, ari chinook II jeung III
mah, carita kajajaden jieunan kuring, meunang beja ti
babaturan.
mrachmatrawyani
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/