Satuju pisan Kang Syam, keun sugan tambah produktip engke 3 bulan kapayun mah. Mangga lajengkeun Ua Sas.. Baktosna, MS
--- syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ua Sas, nembe teh parantos diilo sakadang carpon teh > kenging dua balikan. > Cik..cik...ngiring mairan ah.... > Carpon nu kahiji : > 1.Temana sae, yen kajujuran teh dipilemburan mah > masih keneh aya. > 2. Dina alinea kadua aya kecap teu lemek teu carek, > sapalih deui abdi > sok ngadangu teu lemek teu nyarek, mana nu leres ? > 3. Biasana tamu nu anyar pinanggih sok ngawanohkeun > nyalira,nami, kawit, dina carios > eta asa teu mendak, panginten kecap awewe/ > salaki/pamajikan salajengna tiasa > digentos ku namina si eta tamu. > 4. Aya kecap anu kedah diedit deui, sapertos teh > diserat the, ceuk diserat cek. > > Carpon kadua : > 1. Upami ditingal tina tokoh tokohna sapertos kang > Sobri anu masih janten tukang > ojeg, carios ieu sapertos carnyam (carita nyambung) > sanes carpon deui, ngan benten > episod wungkul. > 2. Manawi teh, leungiteun kalangkang nu kaalaman ku > kang Sobri teh mung ukur kiasan > tapi geuning leres leres kajantenan, naha kalebet > fenomena goib kitu. > 3. Si ua edun euy ! hehe > > Tos ah, bilih seueur lepatna hehe > SR > ----- Original Message ----- > From: MSasmita > To: [email protected] > Sent: Tuesday, January 25, 2005 3:12 AM > Subject: [Urang Sunda] Carpon > > > Kamari teh nampa SMS ti MJ supaya Carpon kuring > dikirim ka Cupumanik. > Puguh we korah koreh deui, da geus poho dimana > nyimpena, alhmadulliah kapanggih. > Carpon teh dibaca deui, rarasaan teh atah keneh > pisan, rek dikirimkeun teh hate asa nogencang. > Tah ieu aya dua carpon, ieu carpon teh dijieun > basa kuring masih dines keneh di Surabaya, nyobaan > nulis tamba kesel ari teu mulang ka Bandung. > Dikirim ka ieu milis teh sugan we aya nu kersa > maca, cik pang-ilo-keun, baheula ge kungsi dikirim > ka ieu milis, dikirim deui ayeuna pedah we loba > balad anyar, sugan kersa pang-ilo-keun. > Nuhun > ________________________________________________________________________ Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

