Pami ka talang/tajur caket..ti masjid kaum?...
eh,...
Bade naros ka Ema di gunung tangkil heula ah..
asa asa Gaduh "kapi Aki" namina Aki  Kurdi teh...
Apa  Ineu mah ( hendar) nyebat na "Mang Kurdi "upami teu lepat mah.
atanapi,
(bade  naros ka Wa Dodi di cijulang sugan uninga...)
ke kang pami tos terang, di teraskeun pancakakina...
nuhun,
 
 
 
Ineu
 
 
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, January 26, 2005 4:12 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Neng Ineu

Neng Ineu..
Mungkin wae.. upama dijujut ka luhur.. bisa jadi urang teh sa kokocoran.  Pun uyut (ramana nini, ti pun bapa) asli urang Surade wetan (bumina di caket masjid Surade Wetan, caket kantor BRI ayeuna), namina KH Abdul Muhyi, nelahna Kiyai Mad Yasin.  Kapungkur, pun aki (namina Kurdi, ramana pun biang) bumina persis di sapaliheun Masjid Kaum, Surade (ayeuna mah payuneun kantor PLN Surade).
 
Pasantren di Korea?  Pasantren elmu agama Islam mah henteu aya... maksad Kang Ahmad mah, nuju sakola deui... nyandak S3 widang tatanen, tangkal pare.
Di Bogor, rorompok di Sinarsari, Darmaga, caket ka Kampus IPB Darmaga.  Ti Kota Bogor ka beh kulonna...kinten 12 km, lebet ka Kabupaten Bogor.  Ka Bogor Baru mah kirang langkung 15-an km, kalebetna Kotamadya Bogor.

Ineu Miasasra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
'' Boa boa urang teh masih keneh wargi panginteun nya kang, da numutkeun pun rama mah sa surade teh hampir sadayana wargi, ari aki  teh putra Haji Yusuf...kaduhung atah anjang...meuni lebeng ...
 
Kang Ahmad...na upami di korea aya pasantren kitu  ?...masantrenan naon sareng eta teh ?!...
di bogor na dipalih mana ?..caket teu ka bogor baru?!...
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 25, 2005 8:19 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...Ngiringan ngariung...(punteun panjang)...

Teh Ineu.. wilujeng ngariung sareng wilujeng tepang di Babakan Kusnet.
Geuning urang teh masih sawewengkon daerah asal. Abdi  Ahmad Junaedi (Jun), kawit ti Surade (pituin) - jampang Kulon Sukabumi.  Bumen-bumen di Bogor, tos batian dua.  Ayeuna nuju masantren di Korea.
Mangga sing betah...


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke